Showing posts with label B. Sunda. Show all posts
Showing posts with label B. Sunda. Show all posts
PPT - Rengkong, Kasenian Masarakat Cianjur

PPT - Rengkong, Kasenian Masarakat Cianjur


Rengkong mangrupakeun kasenian asli Sunda anu lahir ti budaya masaarakatna anu kakenal agraris. Tibaheula, macem-macem pare unggulan loba dihasilkeun ti bumi Parahyangan. Ku kituna, Jawa Barat jadi “lumbung padi” pikeun masarakat nusantara, khususna di Pulau Jawa. Kahirupan agraris ieu nu akhirna ngahasilkeunn rupi-rupi kasenian tradisi, contona kesenian Rengkong.

Dina powerpoint nu dibagikeun ieu, aya sababaraha anu dibahas, diantarana :
1. Sajarah rengkong
2. Alat-alat musik
3. Pamentasan
4. Pamaen jeung Pakean
5. Pungsi
6. Nilai Budaya

Supados langkung jelas, mangga download powerpoinynaa dihandap ieu.

DOWNLOAD

Read More
Paribasa Tina Huruf G Jeung Conto Kalimahna

Paribasa Tina Huruf G Jeung Conto Kalimahna




1.       Galagah kacaahan = ngalajur napsu kabaud ku batur.
“Si Kemod mah galagah kacaahan, nu tadina bageur téh jadi ngancrud, saprak sok babarengan jeung si Ujang wé.”
2.       Gedé cahak manan cohok = leuwih loba ngaluarkaeun duit batan panghasilan.
“Gajih saeutik parabaneun loba, nu matak pantes urang mah rék gede cahak manan cohok ogé.”
3.       Giri lungsi tanpahingan = jalma anu siga bodo atawa lemah ulah waka dicacampah sabab bisa jadi nyolong badé.
“Mémang katénjona mah siga nu taya kanyaho, tapi teu kudu dihina, sabab saha nu nyaho manéhna leuwih pintér ti urang, giri lungsi tanpahingan.”
4.       Goong nabeuh manéh = muji atawa ngagulkeun sorangan.
“Geus baku Pa Suhro mah ari geus ngagul-ngagul sorangan téh. Nu kitu ngaranna goong nabeuh manéh.”
5.       Gunung luhur beunang diukur, laut jero beunang dijungjungan, tapi haté jelema najan déét moal kakobét = nganyahokeun kahayang atawa eusi haté jelema anu dirahasiakeun kacida héséna.
“Enya ogé sobat dalit, tapi da urang mah teu nyaho eusi haté Andi nu sabenerna. Gunung luhur beunang diukur, laut jero beunang dijungjungan, tapi haté jelema najan déét moal kakobét.”  
Read More
Paribasa Tina Huruf E Jeung Conto Kalimahna

Paribasa Tina Huruf E Jeung Conto Kalimahna




1.       Élmu angklung = jolédar ka kolot.
“Si Ujang mah élmu angklung, ka kolot téh mani ngantep.”
2.       Endog sapatarangan tar megar kabéh = diantara dulur-dulur saindung-sabapa sok aya baé nu pati alus milikna.
“Abdi mah bénten sareng dulur-dulur sanés, nu sanés mah marajeng usahana téh. Abdi mah kieu wé, koréh-koréh cok. Paingan saur sepuh, endog sapatarangan tara megar kabéh.”
3.       Endog sasayang, peupeus hiji peupeus kabéh = mun diantara dulur-dulur aya saurang anu codéka, sok mamawa ka saréréa.
“Gara-gara boga adi curaling, Si Unay ogé jadi kababawa goréng. Da mémang kitu bisana, endog sasayang peupeus hiji peupeus kabéh.”
 
Read More
Paribasa Tina Huruf L Jeung Conto Kalimahna

Paribasa Tina Huruf L Jeung Conto Kalimahna




1.       Landung kandungan  laér aisan = gedé timbangan.
“Nyanghareupan barudak ayeuna mah kudu landung kandungan laér aisan.”
2.       Lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan = pipilueun nyarita atawa ilubiung kana sarupaning urusan, padahal lain cabakna atawa ahlina.
“Urang mah cicing wé, ulah pipiluen, da lain ahlina. Bisi disebut lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan.” 
3.       Legok tapak genténg kadék = loba luang jeung pangalamanna.
“Pa Utay mah atuh legok tapak genténg kadék kana urusan mesin téh. Atuda kana mesinna téh lain sakatiga manéhna mah.”
4.       Leuleus jeujeur liat tali = gedé tinimbangan, sabar darana, henteu getas harupateun.
“Ari jadi pamingpin kudu leuleus jeujeur liat tali, ulah getas harupateun.”
5.       Leuleus kéjo poéna = mimitina bengis, lila-lila jadi bageur.
“Gening atsan téh leleus kéjo poéna, baheula mah basa anyar datang apan  sakitu galakna.”
6.       Leunggeuh cau beuleum = méméh hiji pagawéan anggeus geus gap deui kana gawé séjén.
“Ari digawé téh ulah leunggeuh cau beuleum atuh. Anggeuskeun heula hiji, kakara ngahanca nu séjénna deui.”
7.       Lodong kosong ngelentrung = pamoyok ka jalma nu taya kanyaho, tapi loba omong tanpa eusi.
“Si Éta mah loba omong pisan, leuheung mun bener, da ieu mah salah. Keuna paribasa lodong kosong ngelentrung.”
Read More