![]() | |
(bukubukubekas.wordpress.com) |
Judul
: Galuring Gending
Pangarang
: Tatang
Sumarsono
Diterbitkeun
ku : CV PUTRA SETIA
Citakan
: 2011
Jumlah Kaca
: 383 Kaca
Sempalan :
Kuring permisi arek ka cai,
sanggeus tawakup yen teu bisa nyuguhan. Heueuh, da naon suguhkeuneunana atuh.
Enya ari ciherang mah aya, dina termos meunang ngeusian isuk-isuk, tapi gelas
nu ngan dua-duana teh tacan dikumbah. Nu hiji dieusi gegedoh cikopi sesa
isuk-isuk, nu hiji deui karek entas dipake basa keur catur, sarta geus
digadangkeun rek dipake ninyuh cikopi menu pasosore.
“Sawios teu kedah
nyesahkeun,” kitu ceuk anjeun harita.
Waktu kuring balik ti cai,
kasampak anjeun keur mukaan majalah anu ngamuat tulisan kuring. Kareret pisan,
panon anjeun entos manco ka dinya – naha ku anjeun imeut dibaca?
“Panji teh wartawan?” kitu
pertanyaan anjeun anu munggaran,
sanggeus kuring diuk dina juru dipan.
“Sanes. Naha bet naros
kitu?”kuring malik nanya.
“Bilih we wartawan, sook
comel,” tembal anjeun bari seuri. Kesanna, anjeun aya karep nyieun suasana
ringan, ku nyarita kawas kitu teh. Tapi balaka wae ari kuring mah asa angger
kaku keneh.
“Tos lami tamat kuliahna?”
ceuk anjeun deui.
“Aya panginten ari dua taun
mah.”
“Didamelna dimana?”
“Dimana atuh nya..? Ah, kieu
we sadamel-damel,” cekeng teh. Da jeung enyana, mun aya nu nanyakeun sual
pagawean, kuring teh sok hese nerangkeunna. Enya ge geus sarjana, tapi teu boga
gawe matuh. Dina harti gawe nu puguh kantorna, tabuh sabaraha indit reujeung
mulangna, sabaraha gajihna, jeung kailaharan sejenna sakumaha anu ceuk
masarakat jadi ciri pagawe atawa karyawan.
“Dosen, nya?”
“Sanes.”
“Geuning seueur bukuna.”
“Naha anu seueur bukuna teh kedah
dosen wae, kitu?” kuring mimiti nyarita rada panjang.
“Muhun, oan ari dosen mah
kedah seueur maca buku.”
“Geuning di Pasar Palasari
oge, sakitu bukuna narumpuk dirodaan, teu aya nu jadi dosen. Malah teu guru
inpres- guru inpres acan,” cekeng teh; geus mimiti wani ngabanyolan, pikeun
ngaleungitkeun karengkeng.
“Ih, ari eta mah tos puguh
deui atuh, da tukang buku,” anjeun gancang nempas bari nyeuleukeuteuk.
“Sarah kuliah keneh?”
Anjeun gideug.
“Dosen atuh?”
“Ah piraku aya dosen
penampilanna kieu.”
“Naon atuh?”
“Naon we...”
Tah, naon atuh ari pagawean
anjeun anu saenyana? Karyawan atawa pengusaha?
Atawa naon?
“Sarah
ge kantos hoyong kuliah, mung teu kalaksanakeun,” anjeun muka deui obrolan,
sanggeus rada lila urang pahuleng-huleng.
“Atuh
ayeuna we, upami aya minat keneh mah.”
“Ah,
ayeuna mah tos kolot.”
“Tos
kolot kitu? Manawi teh nembe tujuh welasan,” omong kuring ngaheureuyan. Enya,
saenyana kuring geus apal kana umur anjeun; kapan kungsi ngilikan dina KTP tea.
22 Desember 1965 lin, tanggal kalahiran anjeun teh?
“Ah,
ari ngaheureuyan teh, mani kitu pisan!” anjeun rada ngalieuk. “Tos kolot Sarah
mah, tos sanes jamanna janten mahasiswa atuh.”
“Teu
sawios-wios kolot ge, da kolot kalapa ieuh.”
“Maksadna
kumaha?”
“Muhun,
kolot ge lir kalapa, beuki kolot beuki..... seueur minyakna,” tembal kuring.
Padahal biasana mah lain kitu, lamun dina suasana heureuy kuring ngedalkeun eta
ungkara teh, tapi;”kolot ge kolot kalapa, beuki kolot beuki koclak!” Ngan
tangtu lain pihadeeun mun nyarita kitu mah, da lain keur heureuy jeung jelema
anu tacan loma.
“Ih,
ka abdi teh mani disamikeun sareng kalapa!”
“Palayna
naon, atuh?”
“Duka
ah!” anjeun ngajanggilek deui. Tapi, ceuk tetenjoan kuring mah lain
ngajanggilek perbawa ambek, da buktina obrolan beuki hegar, tepi ka nyerelekna
waktu mani teu karasa, nyaho – nyaho geus adan magrib.
Saenyana
peuting eta teh kuring geus boga jadwal acara; kudu ngajejeran diskusi. Tapi,
katembongna anjeun bangun anu resep keneh ngobrol. Ari rek dijurungkeun sina
balik, asana teh bet piraku deui.
“Panji
kagungan acara?” bet aya ku kabeneran, anjeun nanya kitu.
“Ayeuna?”
“Muhun
ayeuna.”
“Aya.
Kapan nuju mayunan tamu.”
“Ih,
sanes eta maksad Sarah mah. Acara sanes ieu mah.”
Kuring
unggeuk.
“Apel,
nya?”
“Sanes,
bade diskusi,” tembal teh, bari disebutkeun tempat reujeung anu ngondangna, da
bisi pajarkeun ukur akon-akon.
“Euh,
atuh Sarah ngaganggu, nya?”
“Aya
keneh waktos, da; sajam deui.”
“Ari
kantun sajam deui mah kedah tos angkat atuh, da geuning tempatna oge tebih,
bilih kapegat macet,” omong anjeun. “Sok atuh bade angkat mah, da Sarah ge bade
permios. Urang sareng atuh angkatna, da sajurusan ieuh.”
Najan
bari rada asa – asa, kuring unggeuk ngaenyakeun. Piraku teuing mun kuring tepi
ka nolak. Pangna rada asa – asa soteh lain embung-embung teuing barengna, tapi
kuring tacan enya-enya apal: saha ari anjeun nu sabenerna?
Tingkesan:
Panji teh jalma
anu asalna ti lembur, nyuprih elmu di kota Bandung. Ti barang lahir Panji geus
cicing jeung indung terena. Bapana Panji teh saurang pangsiunan tentara anu
satuluyna jeneng jadi Kuwu salila dua entragan. Kulawarga Panji rnangrupa
kulawarga gede anu asalna ti sababaraha bibit. Lanceukna nya eta Ceu Cacih,
Kang Parman, Ceu Idah, jeung Kang Obing putra ti Mimih sarta Kang Girang jeung
Ceu Nunung Putra ti nu lian. Sedengkeun Panji, budak bungsu anu indungna matuh
di peuntas.
Sarah, wanoja
kota turunan anak menak, ti leuleutik geus diajar ngibing nepi ka asup sanggar
sagala. Nya tina ieu dunya Sarah meunangkeun kasenangan dunya. Hiji poe kasenangan
dunya ieu teh kudu ditebus ku harga anu pangmahalna.pikeun hiji wanoja. Um Sar,
guruna di sanggar, geus ngaruksak harga dirina. Ti dieu Sarah mimiti wanoh kana
dunya lalaki jeung materi. Satuluyna Sarah reureujeungan jeung salasaurang
pajabat di hiji instansi penting di nagri ieu. Kahirupan Sarah sarwa cukup
jeung sarwa genah, nepi ka hiji waktu aya anu ngendag-ngendag kana kabagjaan
anu dirasakeun ku Sarah.
Hiji peuting
Sarah diparengkeun panggih jeung Panji dina kaayaan mabok. Satuluyna Sarah
dibawa ka kontrakan Panji. Nya ti dieu duanana mimiti raket. Panji hiji aktivis
proreformasi anu teu panuju kana pamarentahan Ordeu Baru. Nya pamadeganana ieu
anu nganteurkeun manehna kana pangberokan. Di tahan Panji nepikeun kahayangna
pikeun ngawin Sarah, tapi Sarah can bisa mere respon kana ieu pangajak.
Sanggeus Panji kaluar ti tahanan, manehna kudu nungguan Sarah di rumah sakit,
tapi angger pangajak Panji tacan meunang jawaban. Nepi ka ahirna Panji leungit
tanpa raratan samulangna nungguan Sarah di rumah sakit.