1.
Éléh déét
= sanajan teu sapuk jeung haté kapasa nyaluyuan lantaran karunya.
“Tadina mah moal dibéré ku urang gé, ngan
nyaritana lewa-lewé pikarunyaeun. Tungtungna mah éléh déét, golosor wé dibéré nginjeum duit llima puluh rébu pérak,
padahal anu tiheula ogé can dibayar.”
2.
Élmu ajug
= élmu nu teu dipaké ku sorangan, ngan ukur dipaké mamatahn batur.
“Élmu
ajug si éta mah, ari ka batur mamatahn teu meunang ngamadat, ari manéhna
sorangan sok ngalakonan.”
3.
Élmu
tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna = hirup kudu bari nyiar élmu
pikeun kasalametan dunya ahérat, sarta kudu siger tengah.
“Élmu mah moal
beurat nyunyuhun, boh élmu dunya boh élmu ahérat. Ceuk kolot ogé gening élmu tungtut dunya siar, sukan-sukan
sakadarna.”
4. Élmu sapi = samiuk atawa guyb kana hal
anu kurang hadé.
“Urang Cibuntu
mah geus kawéntar élmu sapi.”
5. Embung kakalangkangan = embung
kaéléhkeun ku nu séjén.
“Si Ibro mah
baku ari geus embung kakalangkangan
téh, Pedah tatanggana nyieun balong, der manéhna ogé nyieun balong deuih.”
6. Éra parada = éra ku lampah batur atawa
ku omonganna nu matak aéb.
“Nénjo kalakuan
si Ibro aya Pa Camat téa, urang mah bét jadi éra parada.”
7. Euweuh élmu panungtungan = élmu mah
moal aya béakna sanajan nepi ka ajal ogé atawa sok aya baé anu leuwih loba
élmuna.
“Di dunya mah euweuh élmu panungtungan, nu matak teu
meunang sombong, asa aing pangpinterna.”