Sempalan
Geus sapuluh taun proklamasi kamerdékaan Republik Indonesia, ti 17
Agustus 1945. Atawa genep taun ti proklamasi Nagara IsIam Indonésia, ti 7
Agustus 1949. Tapi Tatar Sunda masih kénéh banjir getih jeung guyang cimata.
Malah réa nu geus teu bisa ceurik deui. Da cimata geus saat Marengan
ilangna nyawa, ilangna harta. Getih geus teu ngeclak deui balukar kakejeman nu
tuluy-tuluyan nongtoyong ti mamana. Ti madhab papat.
Ti tentara republik nu kukuh pengkuh mageuhan hukum militér. Ti pihak
gorombolan nu nganggap pangeusi Tatar Sunda aya di wewengkon "Darul
Harbi". Nagara Perang.
Nyaksian kaayan kitu, Suhri mindeng ngahuleng. Mulak-malik pamanggih
Abah Wirya. Cenah Bung Karno paséa jeung Mas Karto, nu jadi korban Pa Karna dan
Mang Karta. Jeung mulak-malik pamanggih Guru Nunu : ibarat nyanghareupan buah
si malakama. Teu didahar, paéh indung, ari di dahar paéh bapa.
"Pro-DI/TII ditémbak tentara, pro-tentara dikekeyek
DI/TII,"gerendeng Suhri, basa di balé désa narima laporan serangan gerombolan
ka lembur Cikinca peuting tadi. Imah lima belas, ledis diduruk. Opat warga maot
dipaténi . Duaan ditembak, dua deui dipeuncit.
Enya dipeuncit. Teu beda ti sato. Alesanana, gorombolan béakeun pélor.
Balukarna tentara ogé tuturuti. Sabulan ka tukang, aya gorombolan kacerek ku
pasukan patroli. Dipeuncit deuih. Duka teuing naon alesanana. Da mustahil
tentara béakeun pelor.
"Urang Cikinca dituding mantuan gorombolan. Tentara manggihan
tempat nyumputkeun logistik DI/TII di dinya. Opat karung bangsal, katut
barang-barang séjén nu can kaburu dibangkat ka markas DI/TII di gunung Batara
Guru, diduruk ku tentara "Lurah nerangkeun. Nu hadir, bangsa kokolot jeung
pupuhu désa – kaasup Suhri, komandan "Pager Desa" – ngabarigeu.
Ngabayangkeun pamales pati gorombolan ka urang Cikinca, nu disangka saéngko
jeung tentara. Nuduhkeun tempat nyumputkeun barang. Atuh engké, pamales pati
tentara ka urang dinya nu disangka biluk ka gorombolan. Nyayahgikeun tempat
nyumputkeun barang.
Kitu jeung kitu. Bulak-balik dekok. Katunggara rayat taya tungtungna.
Dalah sanajan ku pamilihan umum. Partéy-partéy nu tandang makalangan
dina pamilihan umum taun 1955, taya hiji gé mampuh ngungkulan gangguan kaamanan
di Tatar Sunda. Maranéhna ukur sumanget kampanye. Ngajak rayat milih partéyna.
Cenah, keur ngahontal cita-cita hirup adil mamur aman raharja.
Partéy Nasional Indonésia ngajangjikeun kahirupan kabangsaan jeung
kanagaran, nu bébas merdéka. Teu kahalangan ku kelir agama atawa paham
kayakinan, nu nimbulkeun pacéngkadan. Masyumi jeung Nahdlatul Ulama
ngajangjikeun nagara Islam nu subur mamur gemah ripah loh jinawi, kebek ku
pangampura Alloh. Baldatun thayibatun wa Rabbun Gafur. Partéy Komunis Indonésia
ngajangjikeun sakumna rayat patani boga tanah garapan séwangan, salega-legana.
Ti beurang para kekentong partey di kota-kota, ragot pidato, peutingna
gur lembur-lembur di duruk. Imah rénghék. Nyawa palastra. Harta banda béak
digalaksak.
"Tatar Sunda ukur dipaké céngcéléngan sora,"cék Guru Nunu nu
getol maca suratkabar. Suhri nu diajak nyarita unggeuk nyatujuan. Sabab apal
kana kanyataan. "Geus kaala sorana mah, céngcéléngan kari sesemplékan, cul
wé....Ditéang-téang deui engké ari pamilihan umum deui."
Suhri kekerot. Manéhna nu jadi "Pager Désa", unggal poé
nyaksian rayat katalangsara. Diganggayong ti ditu ti dieu. Bari tara meunang
perhatian ti para kekentong politik nu ukur hayang didukung wungkul.
Beuki dieu, gangguan kaamanan beuki mahabu. Jeung beuki ngalegaan di
sakuliah lemah cai. Ngalawan pamarentah puseur katut pribadi Presidén Sukarno.
Di Aceh muncul gerakan "Daud Beureuh". Di Sumatra Kulon, ngabeledug
PRRI. Di Sulawesi Kidul, Kahar Muzakkar baruntak.Di Sulawesi Kaler, Permésta
angkat senjata.
Ampir kabéh nu baruntak, nganyaatakeun gabung ka NII pimpinan Sekarmaji
Marijan Kartosuwiryo nu puseurna di Tatar Sunda .Atuh NII beuki tambah rosa.
Beuki ngagalaksak, nguwak-ngawik.Tentara Indonesia leungiteun daya.
Hiji suratkabar Jakarta, ngamuat béja badag. Judulna "Gerombolan
Semakin Ganas, Tentara Semakin Lalai". Ngungkab kakejeman DI/TII ka warga
sipil pilemburan. Pihak tentara bet katingal teu walakaya nangtayungan
rayat.Teu walakaya ngalawan. Eléh rikat. Eléh gancang. Karék datang ka tempat
kajadian,sanggeus lumangsung "bumi hangus". Gorombolan geus jauh
kabur ka gunung.
Eta warta disalin ku hiji surat kabar basa Sunda di Bandung. Judul
warta, ditarjamahkeun langsung kitu waé. Jadi "Gorombolan Beuki Ganas,
Tentara Beuki Lalay". Mun dibalikkeun deui kana basa Indonesia,
tarjamahananana bakal jadi "Gerombolan Menyukai Nenas, Tentara Menyukai
Kelelawar".
"Hadé pisan berita téh yeuh !"urang lembur nu kabeneran sok
maca suratkabar Sunda, nyakakak.
"Luyu pisan jeung kanyataan,"nu séjén ngéngklokan.
"Mun unggal poé aya béja samodél kieu, lumayan bisa seuri
ngeunah,"aya nu mairan.
"Heueuh, seuri-seuri atuh saméméh dipeuncit ku gorombolan, atawa
ditawan ku tentara,"nu ngariung tingbarakatak.
Poé-poé nyérélék. Lambaran almenak nungtut disoéhan. Muru waktu nu can
tangtu, nu nyamuni satukangeun lalangse takdir jeung gurat nasib. Tur takdir
katut nasib pangeusi Tatar Sunda masih kénéh aya dina inceran ajal. Inceran
kateupastian nyanghareupan poé isukan.
Mapag peuting ku karingrang. Mapag balébat nu samar datang.
Ngan ukur seuri maur nu kapaksa diaya-aya.
Kawas peuting éta. Bada isya, kadéngé sora péstol tiku kali. Tor ! Tor
! Tor ! Tanda aya gorombolan nyerang.
Buriak urang lembur arasup kana béwak. Nyumput tamba teuing
cilaka.Sakadar pikeun nyingkahan pélor jeung pangléntab seuneu tina imah nu
diduruk.
Kawilang ragot sili témbak. Pasukan gorombolan kawasna teu nyangka,
tentara geus sayaga di sawatara pos jaga luareun lembur. Taki-taki nadah
serangan urang gunung.
Keur kitu, ujug-ujug aya nu uncat ka jero bewak.Ampir nincak nu geus ti
heula depa di dinya. Mang Adul geuning. Untung di jajalaneun teu kasabet pélor
nu tingharieng.
"Aduh tadi kasaréan, " Mang Adul sasadu duméh telat asup kana
béwak.Taya nu némbalan. Malum kabéh keur papada geumpeur ku sora témbakan nu
muni di ditu di dieu. Leuwih ti sasari. Sora brén, sili ungkulan jeung sora
watermantel. Dibarung ku sora karel atawa stén. Pihak tentara bébéakan ngémrat
musuh ku pelor rupa-rupa senjata.
Ti pihak gorombolan, témbakan ukur selang-seling. Tacan réa boga bedil
otomatis. Karék géren nu sakali némbak ngabérébét dua welas pelor. Tapi
gorombolan sok ngagunakeun pélor "dumdum". Urang lembur nyebutna
"deungdeum". Mun ditémbakkeun, keuna kana sasaran, pélor bakal
ngabeledug deui. Nepi ka nu kakeunaan rajét.
Sabot kitu, di jero béwak meledek bau welu. Saréréa gancang nungkup
irung. Hawa sesek dina liang heureut nu panjangna 5 meter, lega 3 meter jeung
jangkung 2 meter, beuki pengar. Karasa nyiksa pisan.
"Saha nu hitut ?"cék saurang. Taya nu nembal. Kawas sasari,
tara aya nu daék ngaku kana hitut sorangan, najan meleber angin-anginan.
"Lain hitut ieu mah. Bukur hitut,"nu séjén nyora kapégég.
Récok ukur haréwos, satengahing dardérdor bedil. Tungtungna kanyahoan.
Mang Adul léah terus-terang.
"Aduh hampura. Tadi Emang keur di pacilingan balong Haji Oman.
Ujug-ujug beledug bedil. Emang gancang lumpat ka dieu........bororaah kaburu
ngisang...."
Pertempuran karék jempe ngagayuh ka subuh. Atuh nu araya di jero béwak
kudu nandangan serangan bau bujur Mang Adul. Taya nu wani ngajujurung Mang Adul
ka luar. Sina ngisang heula. Kuriak kabentar pélor.
"Najan bari tiarap ogé, angger wé Mang Adul bakal katembak.Paling
henteu, lebah bujurna,"aya nu guguyon sanggeus kaayaan rada jempling.
"Nya kapaksa irung urang salila sapuluh jam nadah témbakan tina
bujur Mang Adul,"témbal nu séjén.`
Barang bray caang, pangeusi béwak tingkurumuy ka luar.
"Alhamdulillah, nyawa urang salamet. Ngan irung wungkul nu jadi
korban. Keun wé, itung-itung tatalang raga,"urang lembur nu sapeupeuting
ngaringkuk` dina béwak, galumbira. Ger seuri bareng barang nénjo Mang Adul
leumpang égang muru sumur.
Pihak tentara Republik Indonesia ngaku, tarung ngaalawan TII ti taun
1949, nepi ka taun 1955, estuning hésé béléké. Pos-pos tentara ré nu ancur
diserang. Mindeng dibongohan. Atuh hubungan tentara RI jeung urang pilemburan,
teu pati layeut. Sabab dina nerapkeun hukum militer di wilayah operasina,
tentara teu bisa leuleus jeujeur liat tali. Nepi ka réa urang lembur gampang
ditangkepan alatan dituding wawuh atawa mantiuan DI/TII.
"Urang ibarat nyanghareupan dua musuh,"cék Lurah ka Suhri
katut sawatara anggota "Pager Desa" nun ngahaja dikumpulkeun di balé
desa. "Di hareup tentara RI, di tukang tentara Islam. Matak pantes réa
urang lembur jadi korban ti ditu ti dieu ......."
"Kumaha atuh cara ngungkulanana?"Suhri nanya. Taya nu
ngajawab. Kabéh ngabetem. Tong boro mikiran pasualan nu juwet kitu.Mikiran keur
dahar poé ieu ge susah. Acan mikiran kaselametan diri sorangan jeung kulawarga
nu biheung kumaha. Saha nu nyaho,engké, isukan, pagéto, ujug-ujug diculik ku
gorombolan, atawa ujug-ujug ditangkep tentara. Ditahan bari can puguh bisa
mulang deui kalawan walagri.
Poé demi poé, gancang pisan lalekasan. Barobah pananggalan teu mawa
harti nanaon dina genggeman katunggaraan. Kanyataan malah mindeng pasalia jeung
pangharepan.
Kawas 17 Agutus 1960. Tepung taun ka lima belas kamerdekaan RI. Urang
lembur, jaligrah, Tatan-tatan ngarayakeun. Réréongan nyariaeun kaca-kaca di
unggal lawang. Tina awi, maké bilik dilabur apu. Dihias runtuyan tali tina
keretas endog, beureum bodas. Diselapan daun caringin.
Sawaréh nyarieun ancak rondon, winangun sasaungan leutik. Dieusian
tumpeng dua tilu siki. Dina hateup jeung sisi-sisina, ngagarantung rupa-rupa
kadaharan.Bangsa dupi, opak, kolontong, wajit, ranginang, jeung rupa-rupa deui.
Eusi ancak engké dipurak ku sarerea, sanggeus réngsé iring-iringan ka alun-alun
kacamatan.
"Ti désa urang kudu aya ancak rondon, saratus. Ambéh ngaleut
ngeungkeuy ngabandaleut. Sahanteuna miéling lima welas taun kamerdékaan. Kadé
tatabeuhan gé kerid sakur nu aya ,"Lurah maréntah ka para tua kampung.
"Boa langkung ti saratus,Pa Lurah, "témbal hiji tua kampung.
"Da kakuping papada hayang ngarayakeun 17 Agustus ayeuna sing ramé
pisan."
"Komo kitu mah,"Lurah seuri bungah. "Urang témbongkeun
yén urang bener-bener merdeka !"
Peutingna, langit lénglang. Béntang baranang. Hawar-hawar sora kendang
penca. Sora tarompét melas-melis. Sora goong ngungkung. Mawa hégar ka jauhna.
Tapi makalmaot moal miduli kumiceup cahya béntang. Moal maliré
kaéndahan sora kendang padumanis jeung tarompét jeung goong. Moal kantég ku
kaéndahan peuting wening katut mangkrakna harepan
Dimimitian ku sora granat. Ngeleger. Dituturkeun sora témbakan. Pélor
deungdeum.
Suhri, nu ayeuna jadi komandan OKD, sanggeus "Pager Desa"
ganti ngaran, nu keur jaga di garduh tengah lembur, gancang taki-taki.Bedil Léé
Enfield nu dicangking ku manéhna, dikokang. Tapi tacan ingkah. Nunggu heula
béja ti anak buahna nu tadi giliran ngontrol.
Kampung Babakan Seda nu diserang téh. Dua kilometer ti pos OKD Cicageur
tempat Suhri jaga.
Seuneu ngabebela. Luntab léntab gancang pisan. Haseup hideung ngelun.
Mulek ka luhur.
"Waduh, kacolongan "anak buah Suhri hariweusweus.
"Gorombolan norobos lamping Pasir Huut. Di dinya kosong.Taya nu jaga. Da
lain jajalaneun."
"Enya beuki nékad. Nyerang malem agustusan."
Sanajan geus lima welas taun merdEka, Tatar Sunda kudu kénéh jadi
korban kabiadaban.Ayeuna giliran Babakan Seda nu ti kamari geus tatan-tatan rek
milu iring-iringan agustusan. Nu matak sapeupeuting nabeuh kendang penca.
Itung-itung latihan keur pintonan isukan.
Sawelas korban patulayah. Sawaréh masih kénéh maké pangsi jeung iket.
"Emh, iring-iringan ancak rondon téh bet jadi iring-iringan
pasaran,"Lurah bareubeu.Sababaraha kali nyusutan panon ku carécét baseuh
kuleuheu. Suhri nangtung. Ngabetem. Ngaimba. Panonna nu beureum balas ceurik,
neuteup abringan pasaran ka makam di lamping pasir.
Basa mayit hiji hiji diturunkeun kana sédong, hiji budak umur tujuh
taun, ngadeukeutan. Leungeunna nyenyekel bubuk tarompét.Terus midangdam
melas-melis :
"Akiiiiii....Akiiiiiii.....Iraha Ujang diajar niup tarompét teh,
aki......aki....."
Bubuk tarompét téh dialungkeun kana liang sédong. Meureun sina jajap
mayit, aki-aki tukang niup tarompét nu babarengan jadi korban jeung tukang
kendang katut tukang goong.***
Tingkesan
Sapuluh taun ti proklamasi kemerdekaan Republik Indonesia, tatar sunda
masih keneh banjir getih jeung guyang cimata. Aya dua pihak nu silih ngadu
sanjata. Hiji ti tentara RI, hiji deui ti gorombolan DI/TII. Ibarat
nyanghareupan buah simalakama Suhri salaku pager desa ngarasa bingung, magsana
rayat teu bisa pro ka salah sahiji pihak. Loba rayat nu di peuncit tanpa
alesan. Rayat beuki katunggara, pas sababaraha urang cikinca dituding mantuan
gerombolan nyumputkeun logistik DI/TII.
Ayana pamilu taun 1955, teu ngarobah gangguan kaamanan di tatar sunda.
Partey nu aya, ngan sumanget kampanye ngakjak rayat milih parteyna.
Sababaraha
partay, kawas PNI, Masyumi, NU ngajanjikeun kahirupan anu bebas merdeka. Suhri
jeung guru Nunu nganggep Tatar Sunda ngan dijadikeun
cengcelengan
sora wungkul. Beuki dieu, gangguan kaamanan malah beuki mahabu jeung rayat
beuki katalangsara. Bijil gerakan-gerakan nu ngalawan tentara. Ampir kabeh
baruntak, puguh we tentara indonesia leungiteun daya. kakejeman DI/TII ka warga sipil asup ka hiji
surat kabar nu judulna "Gerombolan Semkin Ganas, Tentara Semakin
Lalai".
Poe-poe nyerelek. Sedengkeun Tatar Sunda masih keneh aya dina inceran
ajal. Kawas peuting eta, kadenge sora pestol. Tanda aya gorombolan
nyerang. Buriak
urang lembur arasup kana bewak. Teu nyangka, tentara geus sayaga di pos jaga
ngalawan serangan ti DI/TII. Pertempuran karek jempe ngagayuh ka subuh. Atuh nu
araya di jero bewak kalaluar. Pihak tentara RI ngaku tarung ngalawan DI/TII ti
taun 1949 nepi ka taun 1955 estuning hese beleke.
Poe demi poe, gancang pisan. Tapi teu mawa harti nanaon dina genggeman
katunggaraan. 17 Agustus 1960, tepung taun ka lima belas
kamerdekaan
RI. Urang lembur ngarayakeun. Ku cara pawai agustusan antar desa, ngaleut
ngeungkeuy ngabandaleut. Dimimitian ku sora granat
dituturkeun sora
tembakan, pelor dungdeum. Kampung Babakan Seda diserang, timana ti kamari geus
tatan-tatan rek milu agustusan.
Sanajan geus
lima welas taun merdeka, tatar Sunda masih keneh jadi korban kabiadaban.
Iring-iringan ancak rondon teh jadi iring-iringan pasaran.