1. Bisa
ka bala ka balé = bisa campur jeung jelema ti rupa-rupa golongan, atawa bisa
gawé kasar jeung gawé lemes.
“Jang
Udin mah bisa ka bala ka bale, nu matak henteu hésé rejeki.”
2. Biwir
nyiru rombéngan = resep nyaritakeun cécék bocék jeung anu saenyana kudu
dirusiahkeun.
”Gara-gara
pamajikana biwir nyiru rombéngeun, si Ibro kabitur lampah jahatna, nepi
ka di panjara di Sukamiskin.”
3. Bobo
sapanon carang sapakan = teu puguh undak-usukna, teu puguh éntép seureuhna.
Biasana sok dipaké pamungkas carita, minangka sasdu bisi aya nu salah
pokpokanana atawa péréalanana.
“Neda
tawakup sih hapuntenna, bilih dina cariosan simkuring nembé aya nu bobo
sapanon carang sapakan, ku margi rumaos sim kuring mah kana basa Sunda téh
henteu bodo-bodo acan.”
4. Bobor
karahayuan = katarajang apes, cilaka, atawa meunang kasusah.
“Nu
matak Cép, Emang téh bobor karahayuan, munding sadua-dua aya nu maling.”
5. Bobot
pangayon timbang taraju = pangadilan, timbangan anu adil.
“Abdi
téh rumaos lepat, ayeuna mah bade nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju
baé.”
6. Bodo
aléwoh = bodo tapi bari daék tatanya.
“Ari
jadi jalma kudu bodo aléwoh, ulah bodo katotoloyoh.”
7. Bodo
katotoloyoh = bodo bari tara daék tatanya atawa tara daék nurut kana
naséhat batur.
“Manéh
mah ongkoh teu nyaho tapi cicing baé, ari dibéjaan tara nurut, nu kitu téh bodo
katotoloyoh.”
8. Boga
pikir rangkepan = henteu bolostrong, henteu ujug-ujug percaya kana omongan
batur anu manis.
“Kangaranan
ka jelema anyar pinanggih mah, angger wé urang téh kudu boga pikir rangkepan.”
9. Boga
sawah saicak = boga sawah seutik.
“Boga
sawah saicak ogé nepi ka teu kagarapna, lantaran riweuh ku pagawéan di
kantor.”
10. Bogoh
nogéncang = bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
“Bogoheunana
mah ka Néng Ita Si Ibro téh, ngan bogoh nogéncang, da ituna mah teu
mikir-mikir.”
11. Bongkok
méongeun = potongan badan (awéwé) nu lebah cangkéngna semu bengkung ka
tukang.
“Néng
Mia mah bongkok méongeun.”
12. Bosongot
badé amprotan = dipikagimir, pasemon jagoan.
“Ari
Pa Odo, awakna jangkung badag, pasemon bosongot bade amprotan, matak
sawan budak.”
13. Borangan
ku surak = éraan dina gempungan jelema réa.
“Jang
Udin téh ari pangartina mah bisa dikahareupkeun, ngan hanjakal wé masih kénéh borangan
ku surak.”
14. Bru
di juru bro di panto = beunghar, barang teundeunna ogé teu puguh tempatna
bakat ku loba.
“Pa
Ondé mah beunghar atuh, pakayana ogé bru di juru bro di panto, ngalayah
di tengah imah.”