15. Buburuh
nyatu diupah béas = diajar bari meunang tunjangan. Meunang dua rupa
kauntungan.
“Ngeunah
kang Misro mah nya, sakolana disakolakeun ku pamaréntah ka Amérika, jaba
meunang tunjangan deuih, buburuh nyatu diupah béas."
16. Budak
bau jaringao = budak olol lého, budak can aya kanyaho.
“Rajen
téh ditimburukeun ka budak bau jaringao.”
17. Budak
olol lého = il. Budak bau jaringao.
“Atuda
si Ibro mah budak olol lého, hampuraeun urang.”
18. Budak
rodék hulu = il. Budak bau jaringao jeung budak olol lého.
“Manéhna
mah ka urang té nganggap budak rodék hulu wé meureun. Katémbong dina
sikepna ogé.”
19. Bujang
jenggléngan = jajaka tulén sarta tegep.
“Eta
mah Ceu Onéng, sakitu geus rarandaan dua kali, masih kénéh bisa meunangkeun bujang
jenggléngan.”
20. Bujang
tarangna = lalaki anu can kawin geus teu bujang deui.
“Tong
percanten ka Kang Amin, Néng. Kang Amin mah bujang tarangna.”
21. Bulu
taneuh = tukang tani, patani.
“Sanajan
harga hasil tatanén naraék ogé, angger wé nasib bulu taneuh mah euweuh ronjatna.”
22. Buncir
leuit loba duit = taya kakurang.
“Keur
senang ayeuna mah Pa Sukro téh, keur meujeuhna buncir leuit loba duit.”
23. Buntu
laku = teu bisa neruskeun usaha atawa pagawéan.
“Ari
hujan ngecrek baé téh matak buntu laku.”
24. Buntut
kasiran = kumed, korét.
“Abong
jalma buntut kasiran, dipéntaan daun gedang keur ubar ogé henteu méré.”
25. Bur
beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang = hirup taya kakurang,
salilana ginding.
“Kudu
bagja meunangkeun Jang émon téh, manéhna mah bur beureum bur hideung, hurung
nangtung siang leumpang.”
26. Buruk-buruk
papan jati = sanajan ngéwa atawa ngambek ka dulur (baraya) anu landes, tapi
ari manéhna meunang karerepet mah, teu weléh hayang nulungan jeung ngahampura
kasalahanana. Teu téga ngantep.
“Sanajan
tiheula paséa rongkah ogé, ari nu jadi adi cilaka mah, piraku teu ngalayad, da buruk-buruk
papan jati atuh.”
27. Burung
palung dulur sorangan = il. Buruk-buruk papan jati.
28. Buta
térong = jelema nu goréng patut, katurug-turug sagala beuki.
“Ah
si Ibro mah buta térong, keur goréng sopak téh sagala bres deuih.”