1. Anak dua keur gumunda = awéwé nu karék boga
anak dua, keur meujeuhna tegep, pikabogoheun.
”Ayeuna mah anak Ceu Maya téh dua, keur meujeuhna
tegep tur pikabogoheun, ceuk kolot ogé geuning anak dua keur gumunda.”
2. Anak tilu keur kumusut = awéwé nu boga anak
tilu, katénjona sok karusut, komo nu teu bisa ngurus awak mah.
“Geus tilu
anakna Ceu Maya téh, keuna ku babasan anak tilu keur kumusut. Nu matak
katénjona téh karusut baé, komo deuih Ceu Maya mah tara ngurus awak.”
3. Anggeus-anggeusan
= bébéakan.
“Ari bogoh
ka awéwé téh ulah nepi ka anggeus-anggeusan atuh, ambéh dina putusna ogé
henteu nyeri-nyeri teuing.”
4. Apal
cangkem =apal tapi teu nyaho hartina.
“Si Ujang
mah kana ngaji téh karék apal cangkem.”
5. Asa
bucat bisul = ngarasa lugina sanggeus ngaréngsékeun pagawéan anu beurat
atawa sanggeus lésot tina kasusah.
“Ujian geus
réngsé, wésel geus datang, naon deuih atuh, urang mah meni asa bucat bisul.”
6. Asa
dijual payu = padaninggalkeun di panyabaan atawa di pangumbaraan.
“Kamari mah
basa ka Jakarta, meni asa dijual payu, padaninggalkeun ku babaturan. Untung
wé geus remen ka Jakarta, lamun anyar-anyar wé, ah teuing naon nu baris
kajadian di ditu.”
7. Asa
dina pangimpian = parasaan keur ngimpi bawaning hélok, padahal keur
nyaring.
“Tadi papanggih
jeung popotongan di UPI, manéhna téh kabogoh urang keur jaman SMP, mani asa
dina pangimpian.”
8. Asa
dipupuk birus = ngarasa tibra haté.
“Nénjo
barudak geus maracakal téh Bapa mah meni asa dipupuk birus.”
9. Asa
ditonjok congcot = ngarasa atoh duméh meunang rejeki atawa pikabungaheun
anu teu disangka-sangka.
“Urang téh
keur mejeng di UPI, diajak dahar ka KFC ku Néng Lisda, puguh wé asa ditonjok
congcot.”
10. Asa
kagunturan madu kaurugan menyan bodas = kacida bungahna jeung kacida
bagjana.
“Sim kuring
sakulawargi ngaraos bingah anu taya hinggana, asa kagunturan madu kaurugan
menyan bodas, kasumpingan ku paragegedén ti puseur nagara.”
11. Asa
katumbu umur = ngarasa atoh ditulungan sina keur aya kasusah.
“Urang téh
keur teu boga duit pisan, terus nginjeum ka Ubed. Kabeneran bogaeun, jeung méré
deui, puguh wé asa katumbu umur.”
12. Asa
nyanghulu ka jarian = teu ngeunah rasa, lantaran kudu ngadunungan ka jalma
nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna.
“Boga atasan
téh nu ayeuna mah sahandapeun pisan, boh pangartina boh pendidikanana, bét asa
nyanghulu ka jarian.”
13. Asa
kiamat = pohara sedihna jeung susah luar biasa.
“Pangalaman
abdi anu sesah hilapna mah, waktos diputuskeun ku Kang Jae, da meni asa
kiamat atuh, kawantu cinta munggaran.”
14. Asa
peunggas rancatan = leungiteun batur nu nalang dina pagawéan.
“Euweuh Pa
Ocim téh Bapa mah asa peunggas rancatan, euweuh nu sok nalangan pagawéan
di kantor.”
15. Asa
rawing daun ceuli = mindeng ngadéngé omongan nu teu ngeunah.
“Saprak aya
manéhna di dieu, Bapa mah meni asa rawing daun ceuli.”
16. Atah
adol = kurang ajar, kurang pagwarah, teu nyaho di kasopanan.
“Eta mah si
Ujang, dasar jelema atah adol, teu kira-kira hitut payuneun Pa Camat.”
17. Atah
anjang = jarang nganjang.
“Kang Bahar
mah ka baraya téh atah anjang, cacakan masih kénéh sa-RT, komo lamun
jauh meureun.”
18. Ateul
biwir = geus hayang pok ngedalkeun kakeuheul atawa nyarékan.
“Meni geus ateul
biwir nénjo kalakuan si Ujang, lamun seug euweuh Pa Kuwu.”
19. Atung
énéh atung énéh aé = kiti-kitu keneh baé.
“Rupa-rupa
tarékah geus dilakonan pikeun ngarobah nasib kaom tani, hasilna atung énéh
atung énéh aé.”
20. Awak
kawas badawang = jangkung gedé teu matut.
“Ari si
Ujang ku mapantes manéh, awak kawas badawang kitu maké baju rarawisan.”