1. Abang-abang lambé = beureum
biwirna wungkul, caritaan nu ngan saukur keur ngangeunahkeun hate nu séjeén.
”Ulah percaya
teuing ka Si Ujang mah, nyebut alus kana karangan manéh sotéh, boa teuing abang-abang
lambé.
2. Abis bulan, abis uang =
béak bulan, duit gajih ogé béak deuih.
“Gajih Rp. 80.000 ayeuna mah atuh tibang
pas-pasan, abis bulan abis uang.
3. Abong biwir teu diwengku, abong létah teu
tulangan = jelema anu ngomongna sakarep-karep, ngomong teu
reujeung wiwahna.
“éta mah Pa Ondé meni nyarékan laklak dasar ka Mang
Endul pédah telat mayar hutang. Sagala diomongkeun, abong biwir teu diwengku
abong létah teu tulangan.”
4. Adep-hidep = kumawula
(ka salaki)
“Enggoning adep-hidep ka salaki téh masing
gumati.”
5. Adil paramarta = kacida
adilna.
“Kawasna baé langka di alam nyata kiwari mah,
pamingpin anu adil paramarta seperti Pangeran Suriatmadja téh.”
6, Ahli leleb = tukang
baranghakan.
“éta mah Si Ujang, dasar ahli leleb, nu
dipikranana téh ngan dahareun wé.”
7. Ajak jawa = tawar
gatra, ngajak tamba teu hadé.
“Mangga bilih badé tuang mah, urang sareng. Sanés
ajak jawa ieu mah, meungpeung sanguna haneut kénéh.”
8. Akal bulus = akal jahat,
akal licik.
“Dasar jalma jahat, sok loba baé akal bulusna.”
9. Aku-aku angga =
ngaku-ngaku atawa miboga barang batur.
“Ulah sok aku-aku angga, urang ogé nyaho
ieu téh sapatu na Pa Hamde.”
10. Along-along bagja = teu tulus
meunang bagja.
“Sugan téh enya meunang Undian , ari hég téh ngan
sarua ngaranna wungkul, bét along-along bagja.”
11. Ambek nyedek tanaga midek =
kacida ambekna tapi teu bias ngalawan lantaran moal pikuateun.
“Isuk-isuk urang geus dicarékan ku dunungan, bari
jeung teu puguh kasalahanana. Tapi teu majar kumaha da ka dunungan. Tungtungna mah
ambek nyedek tanaga midek.”
12. Amis budi = alus budi
parangi, ana nyarita dibarung ku seuri.
“Resep ka Néng Euis téh, amis budi.”
13. Amis daging = gampang
katerap kasakit kulit, tur hésé cageurna deui, mun raheut saeutik ogé sok jadi
radang.
“Si Ujang mah amis daging, teu kaop raheut
saeutik sok terus baé jadi borok.”
14. Ambekna sakulit bawang =
babari ambek.
“Nyaho boga atasan ambekna sakulit bawang,
hayoh kalah ngahanakeun.”
15. Anak hiji keur gumelis =
awéwé nu karék boga anak hiji, katénjona téh sok beuki geulis waé, komo nu bias
ngurus awak mah.
“Ceu Maya téh karék boga anak hiji, katémbongna
meni beuki geulis baé, paingan ceuk kolot anak hiji keur gumelis.”