Babasan
Babasan
téh kaasup kana basa pakeman. Ari anu dimaksud babasan nyaéta ucapan matok nu
geus puguh éntép seureuhnanu dipaké dina harti injeumanana. Jadi lain harti
sajalantrahna. Eusina mangrupa babandingan sipatna hiji barang atawa kaayaan
sarta geus ngawangun hiji kecap. Contona: gedé hulu, panjang leungeun,
heurin ku létah, jeung kuru cileuh kentél peujit.
Ku
lantaran mangrupa basa pakeman téa, tangtu wé babasan téh teu bisa dirobah, boh
ungkarana boh kekecapanana. Upama ditambahan, dikurangan, atawa dilemeskeun, sipatna
bisa jadi robah jeung hartina ogé bisa jadi robah deuih. Geus puguh ari
camplang mah. Upama baé babasan gedé hulu dilemeskeun jadi ageung
mastaka, atawa dirarangkén jadi ngagedéan huluna, jelas karasa
camplang jeung hartina ogé robah deuih.
Paribasa
Naon ari
paribasa ?
Sarua kaasup
kénéh basa pakeman. Paribasa téh babandigan anu jadi perlambang lakuning hirup,
ngawangun hiji omongan (runtuyan kecap) anu geus puguh éntép seureuhna, geus
puguh surupanana, sarta geus tangtu pokpokanana.
Sarua jeung
babasan, paribasa ogé teu bisa dirobah ungkarana jeung kekecapanana. Bédana
téh, paribasa mah mangrupa kalimah.
Upama
urang hayang nyaho naha éta téh paribasa atawa lain, bisa dicocogkeun jeung
sawatara katerangan dihandap.
1. Paribasa sipatna
ngabandingkeun, ngaupamakeun, jeung mapandékeun.
2. Paribasa téh omongan
anu hartina lain sajalantrahna.
3. Paribasa mangrupa
kalimah anu teleb sarat anteb kana haté nu dibawa nyarita.
4. Paribasa heunteu bisa
dirobah, dikurangan, dileuwihan, atawa dilemeskeun kekecapanana, sabab geus
mangrupa basa pakeman.
Ditilik
tina maksud anu dikandungna, paribasa téh bisa dipasing-pasing jadi tilu
golongan, nyaéta :
1. Paribasa Wawaran
Luang
Eusina ngébréhkeun pangalaman
anu geus lumrah di masarakat, sarta mangrupa bahan babandingan pikeun laku
lampah urang.
Contona:
·
Adat kakurung ku iga. Hartina, adat atawa kabiasaan anu geus hésé
dipiceunna.
·
Mihapé hayam ka heulang. Hartina, mihapé atawa nitip barang
ka nu geus kanyahoan teu jujur.
·
Kokoro manggih Mulud, puasa manggih Lebaran = mangpang meungpeung.
·
Hulu gundul dihihidan. Hartina, nu keur untung tambah
untung.
2. Paribasa Pangjurung
Laku Hadé
Eusina pikeun pangjurung
milampah kahadéan.
Contona:
·
Ari diarah supana, kudu dijaga catangna. Hartina, ari aya barang (banda) anu
diala hasilna, kudu daék ngurusna.
·
Ambek sadu santa budi = soléh haté.
·
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. Hartina, upama dilakukeunna barin
junun sagala rupa nu hésé ogé bakal bisa.
·
Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal. Hartina, hirup ati-ati maké
itungan.
·
Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung = nuduhkeun jelema getol digawé, capé
ogé ngeureuyeuh wé, nu antukna bisa meunang pangupa jiwa.
3. Paribasa Panyaram
Lampah Salah
·
Cul dogdog tinggal igel. Hartina, ninggalkeun gawé baku,
terus migawé pagawéan nu taya hasilna.
·
Meungpeun carang ku ayakan. Hartina, api-api teu nyaho, ngantep
jelema anu migawé pagawéan salah.
·
Kawas awi sumaér di pasir. Hartina, luak-léok pikir, teu puguh
tungtungna.