Jamaah, 6 Nopember 2015, di Masjid Jami Al-Ikhsan, kuring
kagiliran jadi muadzin. Sieun kaberangan, jam sabeulas brus mandi. Dangdan
rapih muru masjid. Jamaah karék dua jajar. Cong sholat sunat. Réngsé sasalaman,
andekak sila bari wiridan.
Ku tarikna tunduh da peutingna tas ngaronda wiridan téh
lelengutan, malah tepi kasaréan. Hudang sotéh pedah pingping ditoélan ku nu
diuk gigreun. “Itu geura adan!” pokna.
Gebeg. Rét kana mimbar, enya, hotib geus diuk. Bari lulungu
kuring ngoréjat, daligdeug muru kamer mik tempat adan. Ngong adan bari peura.
Keur ngalanglaung adan, ari ger téh jamaah sareuri bari réang. “Salah! Asyhadu
alla ilaaha illaloh heula!” cenah. Komo Kang Asep mah, bari nyentak
ngabéjannana téh. Kuring jadi geumpeur, Rarasaan mah adan téh da asa bener,
horéng ceuk nu ngadéngé mah sahadat tauhidna kaliwat. Atuh balikan deui ti
mimiti. Ku geumpeur mah sora téh ngadadak beurat jeung peura. Kalimah adan téh
jadi parondok kawas komat.
Réngsé adan, kuring diuk deui. Ngeluk tungkul da éra ku jamaah
nu masih tingkecewis. Hotib hutbah... kuring ngalenggut deui. Dibeunta-beunta
gé, panon téh kalah ngajak rapét baé.
Kasaput ku tunduh, hawar-hawar kadéngé hotib nutup hutbahna.
Jep hotib jempé. Buru-buru kuring nangtung, ngong komat tarik naker. Heeh, da
komat mah tara asup ka kamar mik, didinya wé langsung.
Karék gé ngong... éta mah jamaah, anu seuri awor jeung anu
réang. “Ari manéh, can waktuna komat! Karék hutbah kahiji!” Ceuk Ustad Komal nu
diuk gigireun.
“Heueuh!” Ceuk nu séjén réang.
“Ngimpi euy...!” Nu ti tukang ngaréngklokan.
Gusti... érana nataku. Buru-buru kuring diuk deui, teu
sirikna meubeutkeun manéh. Mun teu ras keur jumaahan mah, ah, da hayang
buru-buru balik.
Ajengan Rohamat nu harita jdi hotib, dina hutbah kadua mah
nyariosna semu gumujeng. Ajengan ogé kawasna téh nahan piseurieun. Saha deui
anu disengserikeun téh, ari lain kuring mah. Duh, kudu dikamanakeun ieu
beungeut!
Kawasna, jumaahan harita mah kabéh gé ébat bin lago...
gara-gara kuring. Gara-gara si jurig tunduh, adan salah, komat lain wayah. Ti
harita sobat-sobat ngalandi kuring Muadzin Ngimpi.