Raja Pajajaran, Prabu Siliwangi kagungan putra pameget,
jenenganana Kéan Santang. Ti aalit Kéan Santang dilatih kana kagagahan, dilatih
élmu kadigjayaan.
Barang parantos sawawa, anjeuna
ngémut. Ceuk émutanana, “Aing ayeuna tamat diajar rupa-rupa élmu. Élmu
kagagahan ogé geus kacekel kabéh. Aing henteu teurak ku pakarang, tara
raheut-raheut acan. Nepi ka ayeuna aing mah can kungsi nénjo getih sorangan.
Tapi naha enya ari diajar élmu aya tamatna ? naha énya aing teh panggagahna ?
Ah, aing panasaran. Aing rék ngalalana, rék nyiar élmu. Sugan baé aya kénéh
élmu nu aing can nyaho.”
Teras baé Kéan Santang ngalalana
ka manda-mendi. Kéan Santang meuntas lautan. Nya dugi wé ka Mekah. Didinya
anjeuna ngadangu, cenah anu luhur élmuna jeung gagah téh Sayidina Ali. Anjeunna
seja nepangan ka Sayidina Ali.
Nalika nuju angkat, anjeunna
tepang sareng hiji sepuh. Ku éta sepuh Kéan Santang dipariksa ka mana nya
tujuan.
Kéan Santang ngawaler, “Abdi téh
badé nepangan Sayidina Ali. Maksad badé ngadu kagagahan.”
“Euh, ari kitu mah hayu atuh
dijajapkeun ku Mama,” saur éta sepuh téh.
Teras Kéan Santang ngirng ka Eta
sepuh. Barang tos angkat sajongjongan, sepuh téh sasauran, “Aéh, iteuk Mama
tinggaleun. Tuh gening nanceb. Punten pangnyandakeun!”
Énggal Kéan Santang mulih deui,
maksad nyandak teteken kagungan éta sepuh. Iteuk téh dijéwang, tapi pageuh.
Teras dicabut ditanagaan, beut teu uget-uget acan. Kéan Santang dudugingan
nyabut iteuk, nepi ka rey bijil késang lembut.
Sepuh téa nyaketan, pok
sasauranng, “Naha lami-lami teuing?”
“Aduh Mama, abdi teu tiasa nyabut
ieu iteuk,” waler Kéan Santang mani ngahégak.
Kéan Santang ngaraos salirana
kokoprot ku késang. Barang disidik-sidik, mana horéng salirana téh rembes
getih. Anjeunna pohara kagétna. Ayeuna laksana ningali getih sorangan. Geuning getihna
téh beureum kawas geutih nu séjén.
“Pagar palay ngadu kagagahan
sareng Sayidina Ali. Geuning nyabut iteukna ogé henteu kaduga!” saur sepuh téa.
Manahoréng éta téh nya Sayidina Ali téa.
Kéan Santang nyuuh kana sampéan Sayidina Ali. Tétéla jalma mah teu aya
nu gagah, taya nu sakti.
Loba kénéh élmu nu kudu diulik.
Teras baé Kéan Santang lebet Islam, sarta ngulik rupi-rupi élmu di
Mekah. Engkéna anjeunna mulih
deui ka Pajajaran ngadon nyebarkeun Islam di lemah caina.