Judul Buku :
Kembang Kembang Petingan
Penulis : Holisoh M.E
Panerbit : PT. Kiblat Buku Utama
Taun Terbit : 2002
Jumlah Kaca : 185 kaca
Panerbit : PT. Kiblat Buku Utama
Taun Terbit : 2002
Jumlah Kaca : 185 kaca
Ø
Sempalan
Kuring
ngarenjag. Kaluar? Deuk kawin? Pan leutik keneh, karek ge opat welas taun.
Kuring embung lalakon sorangan kaalaman ku adi. Kawin leutik keneh, boga anak,
terus dinyenyeri ku salaki, antukna ngagubrag kana leutak nu kotor. Kuring
embung boga adi jadi awewe bangor! Kuring teu hayang adi hirupna kawas kuring
ngajual kahormatan ka unggal lalaki nu baroga duit. Embuuuuung! Mana hayang
sina sakola luhur ge, ambeh jadi jelema! Dianjenan batur, diajenan lalaki! Ulah
kawas kuring.
“Alesanana?”
nanya teh daria.
“Saur Ema, teu
aya biayana!”
“Pan aya ti Teteh!” tempas teh.
“Pan aya ti Teteh!” tempas teh.
“Da ku Ema,
Teteh teh entong ngintunan deui nanaon. Ipit dipiwarang buburuh ngasuh di Bu
Guru, rek dibayar opat puluh rebu sabulan!” omongna bangun sedih.
“Naon maksudna
Ema nyarek Teteh ngiriman? Rek kumaha meuli beas! Deuk ti mana Ipit dalahar?”
nanya teh teugeug.
“Duka!”
“Ku naon embung
dikiriman ku teteh ? Pan eta duit teh hasil usaha teteh!”
“Duka, ngan basa
eta aya apana ceu ipah, ngirim parabot sareng televisi. Duka nyarios naon da
lami pisan ngobrol na teh!”omong Ipit daria.
“Nyaho teteh ge!
Da basa tas nganterkeun barang kadieu teh, datang ka tempat gawe teteh,” ceuk
kuring bari rada reuwas. Boa bebeja ka kolot yen kuring teh cicing di tempat
mamih! Boa dibejakeun kuring dagang awak! Kuring awewe bangor! Boa ... ah
telenges we mun dibejakeun teh.
Paingan kolot
teh bareda budina ti barang jol keneh ge. Biasana mah someah bari cawehwer
sagala ditanyakeun. Paingan, ieu nempo kuring teh bangun ceueub, bangun nu cua.
Ah, nu
nurustunjungna mah si Aki-aki bau taneuh, bapana si Ipah. Ngadurukwiksakeun.
Luas ngaracun kulawarga kuring.
Asa aya rasa
hanjelu bet daek ngalayanan bapa si Ipah! Handeueul beak karep. Sugan teh ari
sarua jelema teu cangeur mah rek silih tutupan rusiah. Sugan teh rek kawas Kang
Handi nu surti kana kaayaan kuring. Ning teu saruanya lalaki ge, najan urang
sarua buayana, sarua bayawakna!
Nyel keuheul ka
bapa si Ipah. Ijid, mun aya mah hayang nyiduhan beungeutna, hayang nyarekan
ngesek-ngesekkeun. Na dirina teh kaasup jelema bener? Mun enya ge lalaki bener,
moal los-los ka tempat awewe bangor. Hayang mah balik we ka lembur, sidik aya
pamajikan.
Ih, meni gereget
hate teh. Sakitu bentet, meh saminggu tilu kali nyarean awak kuring teh,
ngagaley awak kuring teh, tapi luas nguar-nguar kagorengan kuring di lembur.
Padahal ai sarua
bajredna mah teu kudu loba catur. Ngajedog we. Na naon maksudna nguar-nguar
kagorengan kuring ka kaluwarga? Malah ka tatangga ge boa diuar-uar. Beu wirang
meureun.
“Ipiiit!”
kadenge sora Ema mani ngoncrang.
“Ke, Ma!”
“Ka dieu! Bisi
katularan! Seug maneh mah budak beresih!” ceuk Ema mani jentre naker.
Meg! Kana angen
asa aya nu nonjok tarik pisan. Na babasaan teh mani nyugak, Ema! Nyeri hate
Enok teh! Nyeriii pisan. Leuwih nyeri batan bareto keur leutik ku Ema disebut
ungkluk!
Ipit ngolonyong
kaluar sabada neuteup beungeut kuring.teuteup kadeudeuh ti hiji adi.
“Jug atuh, bisi
Ema ngamuk!” ceuk kuring dareuda, da piceurikeun mani nyelek kana tikoro.
Bareng jeung
Ipit ngalengkah kaluar, cipanon merebey.
“Mamah nangis?”
si Cikal nanya bari melong.
“Enya, nyeri
angen puguh Mamah teh!” nembal kuring sakainget.
“Sok atuh urang
meser landong ku Aa!” omongna bari namprak.
“Moal aya
landongna, Kasep!”
Aya di Bi Iya
mah, kumplit!” tembalna daria.
“Lah, engke ku
Aa ditaroskeun ka Bi Iya, landong keur
seueul angen!” omongna mamaksa. Eleh deet, kuring muka loket. Sok duit nu lima
rebuan disodorkeun ka si Cikal.
“Aa jajan nya,
Mah?” omongna bari berebet lumpat.
“Jung!”
Cipanon beuki
marudah. Bluk kuring nyuuh kana kasur. Si Bungsu ngoceak ceurik nempo kuring
nyegrug teh. Geuwat ditangkeup, dihujanan cipanon.
Deudeuh, Iis!
Mamah teh lin teu hayang jadi jelema bener, tapi pangalaman rumah tangga nu
peuheur nu nyered Mamah kana dunya peteng.
“Cokot si Iis,
Ipit!” kadenge sora Ema mani eces.
Ipit asup, budak
dipangku. Teu dipangeuhan, keun bae mending jeung bibina. Bibina mah jelema
bener, jelema beresih. Teu siga kuring, lamokot ku dosa!
Ø
Tingkesan
Nyaritakeun awewe anu kungsi tikunclung kana jalan kanistaan nyaeta jadi
awewe bangor. Kumaha kahirupan batin jadi awewe bangor jeung nasib jadi awewe
bangor. Dicaritakeun Enok ( anu di imah si mamih mah namina jadi Tita ) nyaeta
awewe bangor, alasan manehna jadi awewe bangor teh kusabab manehna dinyeyeri ku
salakina lantaran salakina kawin deui ka awewe bangor.
Manehna anu ngan saukur lulusan SD
teu boga pilihan deui kusabab kudu ngahirupan kulawargana. Pas manehanana ka
lembur, bapa na si Ipah nu geus jadi “langganan” ngumbarkeun rusiah manehanana, yen di kota
teh manehna ngan digawe jadi awewe bangor. Jeung kolot na ge teu tarima lamun
manehanan teh jadi awewe bangor. Di ahir carita Handi, nyaeta lalaki “
langganan ” daek ngangkat manehna sangkan jadi jelema bener ku jalan ngawin
manehna, tapi di jadikeun panajikan anu kadua. Ti samprak manehnana dikawinkeun
ku Kang Handi lila-kalilaan kolot na geus ambekeun ka manehna. Manehna kudu
nyanghareupan lingkungan anu henteu narima aya urut ungkluk hirup dilingkungan
sarta pamajikan salakina anu kolot datang ngontrog ka manehna. Komo deuih basa
keur diontrog eta teh manehanana keur nyiram, lawang pananya na teh muka, na
manehanana rek ngabelaan hakna jadi pamajikan atawa rek balik deui ka pagaweana
nu baheula nyaeta jadi awewe bangor.