Sempalan jeung Tingkesan Novel Demung Janggala





Identitas Buku
Judul Buku                  :  Demung Janggala
Penulis                         :  Tatang Sumarsono
Penerbit                       :  CV Geger Sunten
Tahun Terbit                :  Agustus 1993
Kaca                            :  232

Ringkasan eusi Novel
Dina hiji poe Emung, Listayu, si Ibi jeung Mamang Jalaprang kabur ti dayeuh sabab keur diudag-udag ku perjurit anu ngajajah dayeuh. Teu karasa langit beuki poek. Mamang Jalaprang neangan tempat jang cicing nu kira-kira aman ti musuh.
Peuting beuki jempling. Najan kitu pitunduheun teu wae datang. Nu sare teh ngan si Emung we nu can ngartieun naon bahayana anu keur disanghareupan. Isukna, maranehna geus neuruskeun deui lalampahan. Geus mulai karasa lunsena awak. Teu lila, pas maranehna keur cacapena teu kanyahoan ka lebah manehna jol perjurit anu samakta pangara. Mamang Jalaprang sabisa-bisa ngajagaan Emung, Listayu, jeung si Ibi. Namung, tanagana Mamang Jalaprang teh teu sabanding jeung para perjurit. Ahirna Mamang Jalaprang tilar harita keneh. Emung anu keur diakod ku salah saurang perjurit, wanian nyokot keris anu nogel dina cangkeng perjurit anu manggulna. Teu asa-asa eta keris teh gancang dicabut, tuluy jos wae kumanehna di tojoskeun kana lebah kekemplonganna. Geus kitu, si Emung lesot tina aisan perjurit, manehna lumpat sakuat tanaga. Teu lila, ngagebruskeun wae manehna ka Citarum anu caah keneh. Kitu oge Mamang Jalaprang dipalidkeun ku perjurit. Listayu jeung si Ibi ngan bisa masrahkeun diri bari hatena ceurik ningali Emung jeung Mamang Jalaprang di kikitu. Ku sabab listayu keur mejehna, ku para perjurit teh heunteu di bawa ka dunungana di dayeuh. Ngandon di keureum jeung di pake di hiji tempat silih gantian. Guyur salembur Pameuntasan, nimu budak bawa caah anu nyangsang dina dapur haur anu nyolodor kana beungeut cai. Anu nimu teh jalma nu rada bewosan sok disebut si Bewos. Awak budak teh terus digolerkeun dina keusik sisi walungan. Tuluy manehna teh dibawa ku si Bewos. Kabeneran si Bewos teh teu bogauen anak. Kacida atohna si bewos manggih budak anu kasep beda ti budak kampung biasa, da puguh we eta teh si Emung anu  anak menak tea. Ku si Bewos teh budak diaku anak, tuluy dibere ngaran Demung. Mimitina mah si Emung teh embungeun disebut Demung, tapi lila-lia mah geus jadi kabiasaan. Sagala kahayang Demung teh sabisa-bisa dicumponan ku indung jeung bapa kukutna. Listayu ngahuleung. Manehna geus teu bisa dibebenah atawa diajak cacarita. Awakna geus ruksak. Hiji poe, ka tempat ngerem boyongan, aya saabrulan deui perjurit, sawareh tarumpak kuda dipimpin ku hiji Senapati ngaranna Raden Sungsang. Manehna kacida ngajenghokna pas ngadenge yen Listayu teh anakna Raden Suranangga. Ku sabab Raden Suranangga pernah nulungan manehna baheula, Listayu jeung si Ibi teh dibawa ka dayeuh. Sagala kabutuhan Listayu dicumponan. Beuki dieu beuki sehat Listayu teh, ngan anu dipikaseudihna mah dina kaayaan kieu bet diparengan ku hamil. Untungna aya si Ibi anu terus mapagahan Listayu sangkan sabar. Saeunggeus budak teh lahir, Listayu dijodohkeun ku Raden Sungsang ka Cutak Cikalongwetan anu karek ditinggal maot pamajikanna. Demung diajarkeun numbak ku bapana. “Wuah, tumbak teh goreng patut. Geus medu-medu acan janggalana oge.” “Naon janggala teh, Bah?” “Heueuh, seuseukeut tumbak teh ngaranna janggala.” tembal bapa kukutna. “Naha mani sarua pisan jeung ngaran lembur urang?” Demung rada kerung. “Heueuh pan lahan lembur urang teh mencos siga seuseukeut tumbak. Ti kidul lempeng, ti kaler lempeng, neroskeun ka lebah lahan anu dipake imah urang. Tuh pan siga seusueukeut tumbaknya?” Demung ngahuleung. Teu lila pok nyarita deui. “Bah, alus heunteu lamun ngaran urang jadi Demung Janggala?” “Karep kuma silaing.” tembal bapa kukutna. Teu karasa geus aya taunna Deming cicing jeung indung bapa kukutna. Nincak tujuh welas taun, dedeganana sembada. Manehna geus jadi nonoman anu keur meujeuhna buta tulang buta daging. Manehna dibere kuda ku bapa kukutna, sabab Demung teh boga pamenta hayang boga kuda. Namung karek ge sabaraha poe, kuda eta teh leungit dibawa ku batur. Ti harita Demung nanyakeun ka bapana yen kuda eta teh meunang dibere atawa meunang maling. Bapa kukutna keuheul, tuluy gampleng we ngagablog si Demung anu nuduh kuda eta meunang maling. Demung pundung, tuluy indit ti imahna. Demung bingung rek kamana manehna indit, di jalan manehna nimu saung. Di saung eta teh aya aki-aki anu sok tatanen. Kacida ngajenghokna, aki-aki eta teh nyaeta akina Demung sorangan, ngaranna Aki Rangga. Geus sabaraha poe, bapa kukutna neang Demung. Demung maksakeun nanyakeun anu ti bareto hayang ditanyakeun ka Abahna. Manehna nanyakeun naon sabenerna pagawean bapa kukutna ti bareto. Ahirna bapana ngaku yen pagaweanna teh tukang ngabegal. Pas bapana mutuskeun rek ngeureunan pagaweanana, budakna ngadon nyaram jeung boga niat rek miluan naon anu di pigawean bapana. Demung mah leuwih wani tibatan bapana, manehna mah sok ngabegalan kalangan menak bari maleskeun kanyerina. Demung jeung babaturanna terus ngabegalan menak ti dayeuh, nepika Demung katelah begal pangdipikasieuna jeung pangditeangna. Hiji poe waktu manehna ngabegal menak anu rek indit ka Pasir Salam, aya nu jadi pamikiran Demung nyaeta awewe anu dina tandu anu parhiasanana dicokotan ku si Jangkung. Dina pikirna naha awewe  teh jiga si Aceuk, ngajerewetna jiga si Aceuk bareto lamun ningali hileud. Beurang peuting awewe eta bjadi pikiran Demung. Manehna mutuskeunrek indit ka dayeuh jeung si Jangkung. Manehna nyamar jadi tukang dagang. Lila-lila manehna manggih nini-nini anu mirip jeung si Ibi. Tuluy, Demung nitah ka si Jangkung sangkan manehna nuturkeun eta nini-nini. Ahirna si Jangkung datang ka Demung mere alamat imahna, teu mikir deui langsung we Demung teh indit ka imah nini-nini anu ditunjukeun ku si Jangkung. Demung nyarita yen manehna teh Emung anak asuhna, tapi si Ibi teu percayaeun. Percaya-percaya teh pas Demung nyaritakeun riwayat hirupna nepika ayeuna. Demung hayang pisan panggih jeung lanceukna, ngan hanjakalna lanceukna cicing di padaleman. Ku kituna, si Ibi nyarita sagalana ka Listayu, tapi Listayu teu percaya yen Demung teh Emung. Demung maksakeun hayang pisan manggihan si Aceuk. Namung, Listayu kalah nitah perjurit sangkan ngusir Demung. Tapi lain kalah diusir, Demung teh kalah di tumbak nu ahirna ragrag ka jurang. Ahirna Listayu apaleun yen Demung teh Emung adina. Waktu Demung paamprok jeung Listayu, caroge manehna datang nyaeta Kanjeng Dalem tea, Cutak Cikalongwetan. Manehna ngobrol yen manehna teh lain rek megatkeun duduluran tapi kahirupan mah kauger ku aturan hukum. Demung kudu dihukum masing manehna dulur Listayu oge, sabab manehna geus nyilakakeun jeung ngabegal jalma-jalma anu aya dipadaleman.





















Sempalan eusi novel
            Isukna di dayeuh ibur, aya karamanan ampir nyulusup ka padaleman. Perjurit dikeprak sangkan leuwih taki-taki, ulah tepi ka kabongohan ku anu nyiliwuri. Meh saban tempat diasrek, dipariksa,bisi aya anu matak curiga. Geus puguhing jalma anyar pinanggih anu ngaliwat ka dayeuh mah, kabeh dikumpulkeun di alun-alun, bisi aya diantarana anu bakal jadi ulon-ulon kaributan.
            Kitu deui tempat urut begalan patina Mamang Dargasabatur-batur,dipariksa gemet pisan. Jungkrangna diturunan, gerembelna dicacaran. Tapi tetela bangke karaman tah henteu kapanggih. Ukur aya urutna;ledug jeung pinuh ku getih.
            “Yakin silaing, Darga yen si bangsat teh geus modar?” Juragan Patih mariksa ka bawahanana anu peuting tadi kabagean jaga.
            “Leres, Juragan.Ku tiluan dicehcer, dugi ka awaknarangsak. Lajeng manehna ragrag ka dieu. Kakuping pisan ngagebutna oge,” tembal prajurit Darga.
            “Tapigeuning ayeuna euweuh buktina!” ceuk patih Sungsang.
            Sarerea taya anu ngabijilan carita, ukur silih pelong.
            “Mun enya modar kudu aya bangkena atuh!”
            “Rupina tos seep direcah ku ajag, Juragan Patih,” omong Darga.
            “Naha enya, kitu? Cing saha anu peuting tadi ngadenge ajag babaung di lebah dieu?” Juragan Patih nanya ka perjurit nu araya didinya.
            “Abdi Juragan. Eces pisan kakuping ti rorompok, kinten-kinten tos ngagayuh ka tengah wengi,” tembal salah saurang perjurit.
            “Leres abdi ge tos taki-taki bilih ngaranjah deui ingon-ingon sapertos anu kajantenan dina minggu pengker,” omong anu sejen.
            “Ajagna hanjat ka lembur?” Patih Sungsang mariksa deui?
            “Anu mawi, teu aya. Dugi ka subuh abdi ngintip di buruan, tapi lebeng teu aya nu nembongan. Kakuping babaungna teh mung dugi kaleresan ieu jungkrang.”
            “Jadi ku ajag nya? Tapi naha mani teu nyesa saeutik-eutik acan,”  omong Juragan Patih Sungsang bari gogodeg.
            “Rupina ajagna seueur, Juragan, margi sakali ngabubuhan teh sok dugi ka aya welasna. Malih likur, ketang,” omong Mamang Darga, pikeun ngayakinkeun dununganana.
            Kusabab buntu teu manggih raratan, ahirna mah maranehna unggah deui tina dasar jungkrang.
            “Kade , di wates dayeuh ulah aya anu balangah. Ulah tepi ka kajadian kawas peuting tadi. Aya karaman asup tapi teu kanyahoan,” omong Juragan Patih bari clak mancal kudana.
            Puguh wae di dayeuh teh beuki harengheng. Karasa pisan tagiwur jeung matak bangreungna. Keur mah perjurit anu miang ka pakidulan oge tacan marulang deui, katurug-turug di tempat anu nampeu ka padaleman aya riributan. Atuh sarerea diperih pati sangkan leuwih iatna.
            Listayu oge pipikiranana ngarasa kaweur. Sabab, dihenteu-henteu oge, apan manehna anu jadi biang ririweuhan teh. Kumaha pibalukareunana lamun seug Pangawulaan uningaeun kana kajadian anu sabenerna, omongna dina jero hate.
            Kitu deui si Ibi. Manehna ngarasa tagiwur ku dua ku tilu. Kumaha lamu ahirna kaboker yen anu jadi sumber mamala teh ayana di imah aing, ceuk pamikima. Enya, pan sidik yen Raden Emung diteangna ku gulang gulang teh ti imah aing pisan.
            Lian ti eta, manehna ngarasa sedih anu pohara. Masing kalah kumaha oge si Ibi ngarasa yakin pisan yen anu datang teh budak asuhanana bareto. Tapi naha Nden Ayu jiga anu teu asak jeujeuhan? Kalah der ngutus gulang-gulang.
            Deudeuh teuing, Raden, satebih-tebih bade napangan tuang raka, tapi bet kalah disampakkeun pati. Naha atuh Raden nanasiban salira teh bet salamina katiderasa. Hapunten Ibi Raden. Ibi tos satekah polah midamel tarekah su[ados Nden Ayu percenteneun yen Raden jumeneng keneh. Tapi gening teu tiasa.
            Lamun keur nyorangn, Si Ibi remen ceurik bangun anu kanyenyerian. Manehna remen ceurik bangun anu kanyenyerian. Manehna keukeuh ngarasa dosa, sabab teu bisa nepungkeun hiji adi ka lenceukna anu geus papisah welasan taun.
            Hiji poe, waktu Si Ibi rek balik ka imahna, manehna kacida ngarenjagna barang nenjo jelema keur ngalangsud lebah golodog dapurna. Meh bae ngoceak,lamun ituna teu kaburu malik terus nyanghareup ka manehna mah.
            “Raden....,” pokna bari terus nyampeurkeun. Anu keur ngalangsud teh ku manehna dijungjungkeun lalaunan. Rupa-rupa rasa pagalo dina dadana. Sieun aya, watir aya.
            “Ibi....,” omongna laun. “Naha tega hianat ka kami?”
            “Raden,” omong Si Ibi tandes, najan sorana laun. “Sanes Ibi, tapi tuang raka.”
            Demung melong. Sorot panonna geus mimiti surem. Papakeanna geus rubat-rabet, balas tikakarait. Beungeut na oge haropak tur kacida kucelna.
            “Enggal ka lebet,” omong Si Ibi. Ceuk angkaanana, di luar mah inggis aya nu nganyahoankeun.
            Da puguh geus teu bisaeun nangtung-nangtung acan, waktu dibawa ka jero teh mani teu sirikna disesered. Sanggeus aya dijero, pribumi gura-giru nutupkeun deui panto. Aya kaaneh anu harita nyampak dina dirina, sangkilang keur nyanghareupan jelema anu dipikanyaah ti bubudak dina kaayaan tatu parna, Si Ibi geus teu hayangeun deui ceurik. Bisa jadi geus beak piceurikeunana.
            Si ibi gancang naheur cai. Geus kitu terus nuras lebu keur ngumbah anu taratuna. Koreleng ka pipir, rek neangan babadotan keur naplokan anu raheut garudawang. Untungna teh teu dibarengan ku rasa geumpeur teu sing. Estu antare pisan sakur anu dipigawena teh.
            “Naha Ibi rido ngurus kami anu geus batan sakieu?”
            “Duh,menak, tong naros kitu, Lillahi taala Ibi ngarasanan salira teh.” Ceuk urut pangasuhna.
            “Ibi, naha Si Aceuk bet kitu peta? Naha bet nitahan gulang-gulang pikeun ngaraponan kami?”
            “Raden teh lepat hartos. Saleresna tuang raka mah taya maksad ngaraponan salira,” omong Si Ibi, bari terus ku manehna dicaritakeun deui, naon pangna Listayu nitahan gulang-gulang.
            “Ibi da ayeuna mah geus kieu buktina, rek kumaha deui atuh? Si Aceuk angger nyekel pamadeganana, teu daekeun ngaku adi ka kami.”
            “Sanes teu ngangken, Raden, tuang raka teh, tapi anjeuna teu acan ngaraos yakin. Apan kapalayna teh jonghok heula sareng salira. Namung, naha atuh Raden teu kersa wae napangan? Ibi oge ngaraos hemeng keneh, naon anu janten alesanna pangna Raden keukeuh teu kersa nepangan raka? Da sanaos Raden sumoing ka padaleman oge, sanggem Ibi mah da moal matak barubah ieuh, asal sumpingna sing lantip.
            Demung ngahuleng sakedapan, najan ahirna mah teu burung nyoara, “Asa tacan waktuna lamun kamu kudu cacarita anu sajalantrahna pisan. Kieu wae atuh, Ibi, ayeuna mah. Kami boga barang anu kudu dipasrahkeun ka Si Aceuk. Jung anteurkeun ku Ibi, bari sakalian sebutkeun yen kami masih keneh aya didieu,” omongna teh bari kusiwel ngodokeun ramo kana jero sabukna. “Tah ieu,Bi!”
            “Raden, ti mana kenging ieu barang?” Ceuk Si Ibi bari ngajenghok. Manehna apaleun pisan kana eta kongkorong anu cikeneh ditembongkeun ku urut asuhanana.
            “Ibi apal kana ieu kongkorong?”
            “Atuh kantenan. Eta teh kangkalung Enden anu dirampas ku begal anu nelah Demung Janggala tea. Tapi ayeuna, naha bet aya di panangan Raden?”
            “Ibi, kadieu sing deuket,” omong Demung. Si Ibi diukna ngised. “Ibi, apan Demung Janggala teh kami tea.”
            Jeleger!! Lir gelap tengah poe ereng-erengan anu nyamber kana emun-emunan. Barang ngadenge kitu, bis wae Si Ibi tijengkang. Naha bet asa beuki teu pikahartieun ieu teh?
            “Ibi, jug bejakeun ka Si Aceuk yen Demung Janggala teh Surapamungkas tea. Bejakeun deuih yen kami aya di dieu bari geus taya peta pikeun naon-naon, komo ngalawan mah. Tapi mun si Aceuk keukeuh wae hamham, pek embarkeun sangkan perjurit ti padaleman embrag kadieu. Kami moal ngejat, sabab geus ngarasa cacap kapanasaran. Geuning tarekah kami pikeun nepungan lanceuk anu jadi panyileukan beurang jeun peuting teh ukur bisa semet dieu.”
            “Mangga ku Ibi bade didugikeun Raden,” omong Si Ibi. “Namung Ibi teh asa gaduh keneh kapanasaran, sarengna deuih bilih Ibi katarosan ku tuang raka.”
            “Kumaha Ibi?”
            “Naon margina Raden bet milih janten karaman?” ceuk Si Ibi, semu nu asa-asa.
            “Kami hayang mulangkeun kanyeri. Kami teh asa diteungteuinganan deungeun, Ibi. Indung bapa kami tepi ka ayeuna taya raratanana. Kami nandangan kasangsaraan anu kacida panjangna, hirup kadungsang-dungsang. Kitu deui jeung lanceuk anu ngan eta-etana kapaksa jadi papisah. Anu matak, ti bareto keneh dina hate kami geus aya niat hayang mulangkeun kepeurih,” tembal Demung, sorana alon. Najan geus ngalempreh taya daya, tapi ari sumanget hirupnamah masih keneh katembong. “Jig ayeuna mah gera tepungan si Aceuk. Lamun manehna ngarasa panasaran, gura-giru datang kadieu. Sugan wae tali duduluran teh bis anyambung deui. Jeung poma kudu dibejakeun, kami mah moal ganggu kana kahirupan si Aceuk, da puguh ti anggalna keneh oge geus pada-pada milih jalan hirup sewang-sewangan .
Si Ibi unggeuk bari terus undur ka luar.

Related Posts