Babasan jeung Conto Kalimahna (Tina Huruf A) Part 2


1. Anak dua keur gumunda = awéwé nu karék boga anak dua, keur meujeuhna tegep, pikabogoheun.
”Ayeuna mah anak Ceu Maya téh dua, keur meujeuhna tegep tur pikabogoheun, ceuk kolot ogé geuning anak dua keur gumunda.”
2. Anak tilu keur kumusut = awéwé nu boga anak tilu, katénjona sok karusut, komo nu teu bisa ngurus awak mah.
“Geus tilu anakna Ceu Maya téh, keuna ku babasan anak tilu keur kumusut. Nu matak katénjona téh karusut baé, komo deuih Ceu Maya mah tara ngurus awak.”
3. Anggeus-anggeusan = bébéakan.
“Ari bogoh ka awéwé téh ulah nepi ka anggeus-anggeusan atuh, ambéh dina putusna ogé henteu nyeri-nyeri teuing.”
4. Apal cangkem =apal tapi teu nyaho hartina.
“Si Ujang mah kana ngaji téh karék apal cangkem.”
5. Asa bucat bisul = ngarasa lugina sanggeus ngaréngsékeun pagawéan anu beurat atawa sanggeus lésot tina kasusah.
“Ujian geus réngsé, wésel geus datang, naon deuih atuh, urang mah meni asa bucat bisul.”
6. Asa dijual payu = padaninggalkeun di panyabaan atawa di pangumbaraan.
“Kamari mah basa ka Jakarta, meni asa dijual payu, padaninggalkeun ku babaturan. Untung wé geus remen ka Jakarta, lamun anyar-anyar wé, ah teuing naon nu baris kajadian di ditu.”
7. Asa dina pangimpian = parasaan keur ngimpi bawaning hélok, padahal keur nyaring.
“Tadi papanggih jeung popotongan di UPI, manéhna téh kabogoh urang keur jaman SMP, mani asa dina pangimpian.”
8. Asa dipupuk birus = ngarasa tibra haté.
“Nénjo barudak geus maracakal téh Bapa mah meni asa dipupuk birus.”
9. Asa ditonjok congcot = ngarasa atoh duméh meunang rejeki atawa pikabungaheun anu teu disangka-sangka.
“Urang téh keur mejeng di UPI, diajak dahar ka KFC ku Néng Lisda, puguh wé asa ditonjok congcot.”
10. Asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas = kacida bungahna jeung kacida bagjana.
“Sim kuring sakulawargi ngaraos bingah anu taya hinggana, asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas, kasumpingan ku paragegedén ti puseur nagara.”
11. Asa katumbu umur = ngarasa atoh ditulungan sina keur aya kasusah.
“Urang téh keur teu boga duit pisan, terus nginjeum ka Ubed. Kabeneran bogaeun, jeung méré deui, puguh wé asa katumbu umur.”
12. Asa nyanghulu ka jarian = teu ngeunah rasa, lantaran kudu ngadunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna.
“Boga atasan téh nu ayeuna mah sahandapeun pisan, boh pangartina boh pendidikanana, bét asa nyanghulu ka jarian.”
13. Asa kiamat = pohara sedihna jeung susah luar biasa.
“Pangalaman abdi anu sesah hilapna mah, waktos diputuskeun ku Kang Jae, da meni asa kiamat atuh, kawantu cinta munggaran.”
14. Asa peunggas rancatan = leungiteun batur nu nalang dina pagawéan.
“Euweuh Pa Ocim téh Bapa mah asa peunggas rancatan, euweuh nu sok nalangan pagawéan di kantor.”
15. Asa rawing daun ceuli = mindeng ngadéngé omongan nu teu ngeunah.
“Saprak aya manéhna di dieu, Bapa mah meni asa rawing daun ceuli.”
16. Atah adol = kurang ajar, kurang pagwarah, teu nyaho di kasopanan.
“Eta mah si Ujang, dasar jelema atah adol, teu kira-kira hitut payuneun Pa Camat.”
17. Atah anjang = jarang nganjang.
“Kang Bahar mah ka baraya téh atah anjang, cacakan masih kénéh sa-RT, komo lamun jauh meureun.”
18. Ateul biwir = geus hayang pok ngedalkeun kakeuheul atawa nyarékan.
“Meni geus ateul biwir nénjo kalakuan si Ujang, lamun seug euweuh Pa Kuwu.”
19. Atung énéh atung énéh aé = kiti-kitu keneh baé.
“Rupa-rupa tarékah geus dilakonan pikeun ngarobah nasib kaom tani, hasilna atung énéh atung énéh aé.”
20. Awak kawas badawang = jangkung gedé teu matut.
“Ari si Ujang ku mapantes manéh, awak kawas badawang kitu maké baju rarawisan.”



Related Posts