BABASAN JEUNG PARIBASA

Babasan
Babasan téh kaasup kana basa pakeman. Ari anu dimaksud babasan nyaéta ucapan matok nu geus puguh éntép seureuhnanu dipaké dina harti injeumanana. Jadi lain harti sajalantrahna. Eusina mangrupa babandingan sipatna hiji barang atawa kaayaan sarta geus ngawangun hiji kecap. Contona: gedé hulu, panjang leungeun, heurin ku létah, jeung kuru cileuh kentél peujit.
Ku lantaran mangrupa basa pakeman téa, tangtu wé babasan téh teu bisa dirobah, boh ungkarana boh kekecapanana. Upama ditambahan, dikurangan, atawa dilemeskeun, sipatna bisa jadi robah jeung hartina ogé bisa jadi robah deuih. Geus puguh ari camplang mah. Upama baé babasan gedé hulu dilemeskeun jadi ageung mastaka, atawa dirarangkén jadi ngagedéan huluna, jelas karasa camplang jeung hartina ogé robah deuih.

Paribasa
Naon ari paribasa ?
Sarua kaasup kénéh basa pakeman. Paribasa téh babandigan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun hiji omongan (runtuyan kecap) anu geus puguh éntép seureuhna, geus puguh surupanana, sarta geus tangtu pokpokanana.
Sarua jeung babasan, paribasa ogé teu bisa dirobah ungkarana jeung kekecapanana. Bédana téh, paribasa mah mangrupa kalimah.
Upama urang hayang nyaho naha éta téh paribasa atawa lain, bisa dicocogkeun jeung sawatara katerangan dihandap.
1. Paribasa sipatna ngabandingkeun, ngaupamakeun, jeung mapandékeun.
2. Paribasa téh omongan anu hartina lain sajalantrahna.
3. Paribasa mangrupa kalimah anu teleb sarat anteb kana haté nu dibawa nyarita.
4. Paribasa heunteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, atawa dilemeskeun kekecapanana, sabab geus mangrupa basa pakeman.
Ditilik tina maksud anu dikandungna, paribasa téh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta :
1. Paribasa Wawaran Luang
Eusina ngébréhkeun pangalaman anu geus lumrah di masarakat, sarta mangrupa bahan babandingan pikeun laku lampah urang.
Contona:
·         Adat kakurung ku iga. Hartina, adat atawa kabiasaan anu geus hésé dipiceunna.
·         Mihapé hayam ka heulang. Hartina, mihapé atawa nitip barang ka nu geus kanyahoan teu jujur.
·         Kokoro manggih Mulud, puasa manggih Lebaran = mangpang meungpeung.
·         Hulu gundul dihihidan. Hartina, nu keur untung tambah untung.

2. Paribasa Pangjurung Laku Hadé
Eusina pikeun pangjurung milampah kahadéan.
Contona:
·         Ari diarah supana, kudu dijaga catangna. Hartina, ari aya barang (banda) anu diala hasilna, kudu daék ngurusna.
·         Ambek sadu santa budi = soléh haté.
·         Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. Hartina, upama dilakukeunna barin junun sagala rupa nu hésé ogé bakal bisa.
·         Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal. Hartina, hirup ati-ati maké itungan.
·         Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung = nuduhkeun jelema getol digawé, capé ogé ngeureuyeuh wé, nu antukna bisa meunang pangupa jiwa.

3. Paribasa Panyaram Lampah Salah
·         Cul dogdog tinggal igel. Hartina, ninggalkeun gawé baku, terus migawé pagawéan nu taya hasilna.
·         Meungpeun carang ku ayakan. Hartina, api-api teu nyaho, ngantep jelema anu migawé pagawéan salah.
·         Kawas awi sumaér di pasir. Hartina, luak-léok pikir, teu puguh tungtungna.

·         Pupulur méméh mantun. Hartina, ménta buruhan méméh prak digawé.

      Sumber : 

Related Posts