Babasan Tina Huruf G jeung Conto Kalimahna




1.       Galak siongnong = mimiti aya sir ka awéwé, tapi can wani adu hareupan.
“Cép Udan mah abong nu keur galak sinongnong, ongkoh bogoh ka Néng Tati téh tapi teu daék ngadeukeutan. Sura-seuri ti kajauhan wé.”
2.       Galak timburu = babari timburuan.
“Puguh gé matak susah boga kabogoh ka nu galak timburu téh.”
3.       Galégéh gado = saréséh, séréwél, soméah, akuan.
“Abdi mah resep ka Bu Misro téh, galégéh gado, ka sasaha teu weléh ngaku.”
4.       Gancang pincang = pagawéan gancang tapi hasilna teu hadé.
“Salsé wé atuh digawé téh, nu penting anggeus bari alus ulah gancang pincang.”
5.       Gantung déngé = ngarasa hanjakal hayang kénéh ngadéngékeun anggeus mantén.
“Hanjakal ngan sakeudeung nya ngahaleuangna Néng Fitri téh, jadi wé gantung déngé.”
6.       Gantung teureuyan = ngarasa hanjakal (hanjelu), barang dahar hayang kénéh kapaksa kudu dieureunkeun.”
“Ari saeutik mah sok ngeunah barang dahar téh, matak gantung teureuyan.”
7.       Garo-garo teu ateul = gagaro tukangeun ceuli lantaran bingung atawa keuheul.
“Nénjo kalakuan si Ibro, matak pikakeuheuleun jeung teu bisa dicarék deuih. Ari rék dicabok, piraku da lain budak leutik, tungtungna mah garo-garo teu ateul.”
8.       Garo singsat = gagaro bari nyingsat lantaran teu sabar atawa ambek.
“Éta mah Ceu Imot mani geus garo singsat baé, teu sabar ngadagoan anu ngajuru.”
9.       Gedé-gedé ngadagé = gedé awak tapi euweuh kawani.
“Manéh mah kalah ka awak wé sagedé munding reuneuh, kawani euweuh, gedé-gedé ngadagé.“
10.   Gedé gunung pananggeuhan = boga baraya atawa sobat luhur pangkat, gedé dunya anu dipaké andelan pibisaeun nulungan dina perluna.
“Alhamdulillah boga lanceuk téh ayeuna geus jadi Bupati, pikeun urang mah gedé gunung pananggeuhan.”
11.   Ged hulu = adigung.
“Entong dibaturan jelema gede hulu kitu mah, tuman!”
12.   Gemah ripah loh jinawi = gegej cacah jiwana sarta raharja.
“Kudu diaku wé ayeuna mah nagara urang téh geus jadi nagara anu gemah ripah loh jinawi.
13.   Génték kéak = méh tara lésot (budak ti indungna), lamun dilésotkeun sok ceurik.
“Naha gening budak téh géntél kéak, meni embung pisah jeung indungna pisan. Tambaan geura ka Nini Icih.”
14.   Genténg-genténg ulah potong = sanajan hasilna teu sabaraha keun bae tinimbang luput atawa sanajan gering ripuh ogé muga-muga ulah nepi ka maot sing cageur deui.
“Keun baé ayeuna gajihna saeutik ogé, keureuyeuh wé, tibatan teu boga gajih mah, urang téh genténg-genténg ulah potong.
15.   Gereges-gedebug = ngalampahkeun pagawéan teu karanadipikir panjanag heula.
“Nu matak sgala rupa ogé ulah sok gereges-gedebug, kudu tartib, kudu dipikir bulak-balik heula, ambéh teu kaduhung anggeusna.”
16.   Gering nangtung = ngalanglayung, ngareunggeuy, henteu gering parna tapi séhat bener ogé henteu deuih.
“Saparak putus jeung Néng Novia, Jag Amin téh kawas nu gering nangtung.”
17.   Getas harupaten = babari ambeuk, babari anggeus-anggeusan.
“Ari meunang katugenah téh ulah sok getas harupaten, ulah babari émosi.”
18.   Geugeut manjahan = nénéh bonténg, ngan henteu nepi ka neunggeul.
19.   Geus apal luar jerona = geus nyaho kana kalakuan jeung tabéat jalma.
Geus apal luar jerona atuh ka Cép Utom mah, kawantu baheula kungsi babarengan jaman keur SMA.”
20.   Geus aya dina pésak = kakeupeul, geus kanyahoan rusiahna.
“Sual saha-sahana nu baris jadi Bupati mah, tah geus aya dina pésak.”
21.   Geus aya kembang-kembangna = geus aya hal-hal nu nimbulkeun harepan kana hasil maksud.
Geus aya kembang-kembangna rék menang BTN téh.”
22.   Geus bijil bulu mayang = geus balég, geus mimiti begér (lalaki).
“Kawasna mah geus bijil bulu mayang Si Ocim téh, geus embung wé dititah ngampihkeun hayam ogé.”
23.   Geus cueut ka hareup = geus kolot, geus liwat tengah tuwuh.
“Bapa mah rumasa geus cueut ka hareup, pék baé ayeuna mah perjuangan téh diteruskeun ku nu ngora.”
24.   Geus karasa pait peuheurna = geus kaalaman sagala rupa nu teu ngeunahna atawa nu mata susah.
“Ku abdi mah geus karasa pait peuheurna jadi guru téh. Atuda jadi guru geus méh dua puluh taun, jaba tugasna henteu tetep di hiji tempat.”
25.   Geus labuh bandéra = geus diputus (perkara).
Geus labuh bandéra ayeuna mah perkara tanah di Rancadarah téh, beunang ku pihak developer.”
26.   Geura mageuhan cangcut tali wanda = geura saged pikeun bajuang.
“Pikeun mapag tahap ‘lepas landas’, ti ayeuna kénéh urang geura mageuhan cangcut tali wanda.”
27.   Geus nyaghulu ngalér = geus maot.
Geus nyanghulu ngalér mah, harta banda téh moal dibawa.”
28.   Geus turun amis cau = geus mangkat begér (awéwé).
“Pntes wé mun Néng Nia resep dangdan téh, da geus turun amis cau.”
29.   Gindi pikir belang bayah = goréng haté.
“Ulah deukeut teuing jeung si Ibro mah, kawas nu teu nyaho baé, manéhna téh jalma gindi pikir belang bayah.”
30.   Ginding bangbara = resep gigindingan jeung royal ngarah katénjo ku batur, tapi ari di imah kékéréhét.
“Lamun nénjo papakéan jeung légégna mah, ceuk saha jalma kékéréhét. Ginding, tapi ginding bangbara, da  di imahna mah keur hirup sapopoéna ogé ngabélaan anjuk ngahutang.”  
31.   Ginding kakampis = ginding tapi teu boga duit.
“Rajeun aya nu ginding baé cara si Ibro, da ginding kakampis.”
32.   Goong saba karia = nu datang sorangan ka nu kariaan, teu karana diondang atawa dicorok gawé, malar katitah ngarah milu seubeuh baranghakan.
“Ari Mang Endul bét goong saba karia. Datang kadieuna téh, euweuh nu ngondang sumawonna anu nitah, éta mah hayang seubeuh baranghakan wé.”
33.   Goréng peujit = goréng haté.
“Dasar jelema goréng peujit, ditanya sabener-bener kalah ka kecrot baé nyiduhan.”
34.   Goréng sisit = goréng milik.
“Dasar goréng sisit maneh mah, kurang tadi datang téh. Tadi mah aya nu babagi duit di dieu téh.”
35.   Guogon tuhon = kukuh, satuhu, boh ka dunungan boh kana kabiasaaan atawa kapercayaan.
“Alus Cép Yayat mah, gugon tuhon ka dunungan téh, nu matak dipikanyaah.”
36.   Gulak-giluk kari tuur, hérang-hérang kari mata, teuas-teuas kari bincurang = asal beunghar jadi miskin, teu boga naon-naon nu aya hargana.
“Karunya ku nasib Pa Ondé, nu tadina lubak-libuk téh, ayeuna mah gulak-giluk kari tuur, hérang-hérang kari mata, teuas-teuas kari bincurang.”
37.   Gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi = taya wates wangenna.
“Kanyaah indung mah, yeuh Ujang, gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi.
38.   Gurat batu = kukuh, teguh tangtungan.
“Pa Ondé mah jalam gurat batu, moal beunang kapangaruhan ku nu teu pararuguh.”
39.   Gurat cai = teu puguh jangjina, sok rubah tangtungan.
“Dasar jalma gurat cai Pa Ohlé mah, kamari ngomong kitu, ayeuna geus béda deui omonganna téh.”

Related Posts