Babasan Tina Huruf H jeung Conto Kalimahna


1.       Hadé gogog hadé tagog = hadé basa, budi paragi, jeung sikep, nyaho tata-titi.
“Abong nonoman hadé gogog hadé tagog Cép Udan mah, henteu ngérakeun dibawa ka tengah téh.”
2.       Hadé ku omong goréng ku omong = sagala rupa perkara biasana dianggap hadé atawa goréng ku batur gumantung kana caritaan urang atawa kana basa nu dipaké ku urang.
“Lamun tiheula Pa Kuwu nyaritana jéntré mah, yén taneuh béngkok téh rék dijieun pabrik, masarakat ogé moal aya nu protés. Nu matak sagala ogé hadé ku omong goréng ku omong.
3.       Hadé lalambé = alus omongan wungkul, henteu terus jeung haté.
“Ongkoh cénah lamu geus ngadeg pabrik, pagawéna téh rék diutamakeun penduduk di dieu heula. Ari buktina kumaha ? jauh tanah a langit. Tétéla, hadé lalambé wungkul pangusaha téh.”
4.       Hambur bacot murah congcot = babari nyarékan tapi béréhan.
“Diaku ari béréhanna mah Pak Haji téh, ngan éta adatna babari pisan nyarékan, hambur bacot murah congcot.”
5.       Hampang birit = daékan (dititah).
“Nineungna ka Jang Éon téh, hampang birit, tara aya basa embung dititah naon dititah naon gé.”
6.       Hampang leungeun = gampang jeung resep teuteunggeul.
“Si Ibro mah hampang leungeun, teu kaop meunang katugenah saeutik, sok gampang teuteunggeul.”
7.       Handap asor = daék ngahargaan atawa ngahormat ka batur.
“Resepna ka Néng Yéyén téh henteu gumedé. Sanajan ayeuna geus jadi artis gé, angger wé handap asor.”
8.       Handap lanyap = hormat tapi matak nyentug kana haté.
“Mémang Pa Uday mah ari ngomong téh basana lemes dibarung ku rengkuh anu hadé, tapi kekecapanna matak nyentug kana haté, handap lanyap nu kitu téh.”
9.       Hapa héman = taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadéan.
“Ari si Ibro bét hapa héman, padahal kurang kumaha ditulunganna ku urang téh.
10.   Hapa hui = teu jamuga.
“Ulah sok nyebut ngaran Bapa, pamali, matak hapa hui.”
11.   Hapa-hapa ogé ranggeuyan = miskin-miskin ogé boga salaki.
Hapa-hapa ogé ranggeuyan di dieu mah, teu cara Nyi Mari, enya ogé beunghar tapi jomlo.”
12.   Hareulang jangkung = kacida jangkungna.
“Mang Endul mah atuda hareulang jangkung, nu matak léngkahna ogé panjang.”
13.   Haréwos bojong = omongan anu diharéwoskeun tapi kadéngé ku nu deukeut ka nu diharéwosan.
“Mang Entur mah, ongkoh ngaharéwos ka Bi Ipah, tapi kadéngé ku kuring anu diuk gigireunna, haréwos bojong atuh.”
14.   Harigu manukeun = harigu jelema anu nonjol ka hareup.
“Tah, Mang Konod anu harigu manukeun téh.”
15.   Haripeut ku teuteureuyeun = gampang kagoda ku bibitaan bakal meunang untung, kajeun ku jalan anu teu halal ogé.
“Nu matak jadi jalma ulah haripeut ku teuteureuyeun, bisi cara Pa Maman, kapaksa kudu unggah baléwatangan da disangka sailon ngagerejut duit nagara.”
16.   Harus omong batan goong = béja nu ngandung pitenah (sensasi) gancang pisan sumebarna bari jeung sok ditarambahan.
“Geuning soal korupsi di Bank BKI téh geus nyebar kamana-mana, jadi ramé deuih dongéngna ogé, abong harus omong batan goong nya.”
17.   Haseum budi = leuwih loba baeud jeung cemberut batan seuri atawa marahmay. Sabalikna tina amis budi.
“Si Éta mah teu dipikaresep ku batur téh, pantes wé haseum budi.”
18.   Haseum kawas cuka bibit =  kuraweud haseum, teu méré budi pisan.
“Basa urang ka imahna, paromanna mani haseum kawas cuka bibit. Samarukna meureun urang téh rék ménta sumbangan.”
19.   Hawara biwir = resep ngabéja-béjakeun perkara nu tacan tangtu bakal dilaksanakeun atawa hal anu lila kénéh kana waktu dilaksanakeunna.
“Pa Ondé mah hawar biwir, méh ka unggal hulu bébéja yén manéhna rék jarah ka Mekah. Padahal ceuk pamajikanna mah, duka bisa indit duka moal ka dituna téh.”
20.   Hayang leuwih jadi léwéh = hayang untung kalah rugi.
“Basa harga cengkéh Rp. 6.000 sakilo, Emang meulian. Sugan téh rék naék, ari hég kalah ka turun hargana jadi Rp. 3.000 sakilo. Tungtungna mah hayang leuwih jadi léwéh, pokona mah harita Emang téh rugi gedé wé.”
21.   Hayang untung kalah buntung = Hayang leuwih jadi léwéh.
22.   Héjo cokor badag sambel = dusun pisan.
“Nyi Kénoh mah abong urang Nanggorék, héjo cokor badag sambel. Dibawa ka Bandung téh kalah palahak-polohok.
23.   Héjo tihang = teu cééhan, resep pipindahan (imah) atawa gunta-ganti pagawéan.
“Pa Sukro mah héjo tihang, taun ieu baé teuing geus sabaraha kali pindah gawéna téh.”
24.   Henteu cai hérang-hérang acan = teu disuguhan nanaon.
“Basa urang nganjang ka imah Pa Ondé, lain bohong henteu cai hérang-hérang acan téh.”
25.   Henteu jingjing henteu bawa = henteu mawa oléh-oléh keur nu dijugjug.
“Rék ka Mang Endul téh kudu sasayagian heula, piraku wé atuh henteu jingjing henteu bawa mah.”
26.   Henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan = pageuh nyekel tangtungan sorangan, henteu kapangaruhan ku ruruba, jsté.
“Sanajan digoda ku rupa-rupa cara, Cép Ato henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan.”
27.   Hérang caina beunang laukna = hasil maksud ku jalan badami, henteu ku paksa pirusa.
“Nu kudu dipikirkeun ayeuna mah, kumaha carana sangkan hérang caina beunang laukna, ambéh ngeunah ka dua pihakanana.”
28.   Hésé capé teu kapaké = hanas ceuk rarasaan mah gawé téh soson-soson, ari hég dianggap salah ku dunungan atawa hasilna mubadir.
“Nyieun proposal téh teu kapaké ku dunungan mah, antukna jadi hésé capé teu kapaké, padahal éta téh meunang ngadukduk ngetik sapeupeuting.”
29.   Heunceut ucingeun = babari reuneuh.
“Dasar Bi Entur mah heunceut ucingeun, kakara ogé sataun ngalahirkeun, ayeuna geus reuneuh deui baé.”
30.   Heuras genggerong = teu bisa ngeunahkeun haté batur ku omongan.
“Pa Saman mah henteu cocog mun jadi tukang ngalobi téh sabab heuras genggerong.”
31.   Heureut pakeun = teu réa kaboga, saeutik panghasilan.
“Keur nu heureut pakeun saperti Mang Endul mah, beurat mun kudu nyakolakeun anakna nepi ka paguron luhur téh.”
32.   Heurin ku létah = teu bisa nyaritakeun perkara kasalahan batur, lantaran bisi aya matakna ka diti ka dieu.
“Urang ogé lain teu nyaho yén lampah Pa Ondé téh salah, ngan heurin ku létah nyaritakeunna.”
33.   Heueuh-heueuh bueuk = nyebut heueuh atawa mupakat tapi teu terus jeung haté.
“Si Ibro mah, ongkoh geus satuju moal kapapanjangan, tapi geuning buktina teu kitu. Tayohna mah basa diriungkeun téh ukur heueuh-heueuh bueuk wé.”
34.   Hideung ogé buah manggu, matak tigurawil bajing = sanajan luarna teu pikabitaeun, tapi jerona mah matak deudeuleun.
“Néng Tini mah hideung ogé buah manggu, matak tigurawil bajing.”
35.   Hirup dinuhun paéh dirampés = pasrah sumerah kana kersa Nu Maha Kawasa, lanatran geus béak déngkak.
“Pan Aki téh tos lami teu damangna, tos dilandongan ka ditu ka dieu., teu damang kénéh baé. Ayeuna mah, ah, hirup dinuhun paéh dirampés, da raraosan mah sagala tarékah parantos dilaksanakeun.”
36.   Hirup katungkul ku pati = hirup ditungtungan ku maot.
“Urang téh salilana kudu sadar, yén hirup katungkul ku pati teu hadé kateterusan ngalajur napsu.”
37.   Hirup ku ibun gedé ku poé = sasat euweuh nu ngurus, hirup kalantar.
“Saprak ditinggal maot ku indung bapana, manéhna hirup ku ibun gedé ku poé, nu matak pantes sakolana henteu balég ogé.”
38.   Hirup ku panyukup gedé ku paméré = euweuh gadag, teu daék atawa teu bisa usaha sorangan.
“Ayeuna mah manéhna téh geus sawawa, geus teu pantes hirup ku panyukup gedé ku paméré. Dihenteu-henteu ogé apan manéh téh kudu rumah tangga, piraku rék kitu baé mah.”
39.   Hirup ramujud = hirup henteu ngalagu ataw henteu ngaleunjeur lantaran numbuk di sué (taya kamarasan).
“Nu matak hirup ramijud téh, bisa jadi ku lantaran manéhna mah henteu cééhan.”
40.   Hirup teu neut paéh teu hos = terus-terusan gering ripuh, tapi teu maot. Hirup teu walagri terus-terusan.
“Karunya ku Mang Enoy téh, hirup teu neut paéh teu hos, béak harta béak banda keur ubar ka ditu ka dieu.”  
41.   Huap hiji diduakeun = ngirit-ngirit sagala kaperluan sapopoé, supaya bisa nyumponan kaperluan anak atawa saha baé anu perlu dibélaan.
“Sangkan bisa nyakolakeun si Otoy ka paguron luhur téh. Emang mah teu sirikna huap hiji diduakeun.”
42.   Hudang pineuh = teu jongjon saré atawa ngedeng (nu gering).
“Karunya ka Mang Ato, meni hudang pineuh, komo lamun keur karasa panyakitna mah.”
43.   Hudang tineuh = hudang pineuh.
44.   Hujan cipanon = loba ceurik.
“Saprak ditinggalkeun ku salakina, méh unggal peuting manéhna hujan cipanon.”
45.   Hulu peutieun = jelema anu leutik teuing sirahna henteu surup jeung awakna.
“Aya untungna Si Holmes mah hulu peutieun téh, sirahna hésé kateunggeul ku lawanna.”
46.   Hurip gusti waras abdi = jaman féodal, raja senang sarta mulya rakyat cageur.
“Basa jaman Sultan Ageng Tirtayasa, Kasultanan Banten téh gemah ripah loh jinawi, hurip gusti waras abdi.”
47.   Hurung nangtung siang leumpang = beunghar sarta dipaké ngaginding.
“Saprak kawin jeung Jang Amin, hirup Néng Maya robah saratus dalapun puluh darajat, jadi hurung nangtung siang leumpang.”
48.   Hutang-hatong = nyapirakeun hutang, daék bayar henteu entong.
“Hutang sakitu lobana ka urang téh, ku manéhna mah dianggap hutang-hatong baé, dasar jalma teu boga kaéra.”
49.   Hutang salaput hulu = loba pisan hutang nepi ka samar bisa kabayar.
“Si Ibro mah usaha téh taya kamarasanana, kalah ka hutang salaput hulu ka bank.”
50.   Hutang uyah bayar uyah, hutang nyeri bayar nyeri = amal perbuatan sok aya wawalesna.
“Lamun urang nganyerikeun haté batur, awal-ahir ogé baris aya wawalesna, hutang uyah bayar uyah, hutang nyeri bayar nyeri.”


Related Posts