Paribasa Tina Huruf E Jeung Conto Kalimahna




1.       Élmu angklung = jolédar ka kolot.
“Si Ujang mah élmu angklung, ka kolot téh mani ngantep.”
2.       Endog sapatarangan tar megar kabéh = diantara dulur-dulur saindung-sabapa sok aya baé nu pati alus milikna.
“Abdi mah bénten sareng dulur-dulur sanés, nu sanés mah marajeng usahana téh. Abdi mah kieu wé, koréh-koréh cok. Paingan saur sepuh, endog sapatarangan tara megar kabéh.”
3.       Endog sasayang, peupeus hiji peupeus kabéh = mun diantara dulur-dulur aya saurang anu codéka, sok mamawa ka saréréa.
“Gara-gara boga adi curaling, Si Unay ogé jadi kababawa goréng. Da mémang kitu bisana, endog sasayang peupeus hiji peupeus kabéh.”
 

Related Posts