Babasan jeung Conto Kalimahna (Tina Huruf B)


1. Bisa ka bala ka balé = bisa campur jeung jelema ti rupa-rupa golongan, atawa bisa gawé kasar jeung gawé lemes.
“Jang Udin mah bisa ka bala ka bale, nu matak henteu hésé rejeki.”

2. Biwir nyiru rombéngan = resep nyaritakeun cécék bocék jeung anu saenyana kudu dirusiahkeun.
”Gara-gara pamajikana biwir nyiru rombéngeun, si Ibro kabitur lampah jahatna, nepi ka di panjara di Sukamiskin.”

3. Bobo sapanon carang sapakan = teu puguh undak-usukna, teu puguh éntép seureuhna. Biasana sok dipaké pamungkas carita, minangka sasdu bisi aya nu salah pokpokanana atawa péréalanana.
“Neda tawakup sih hapuntenna, bilih dina cariosan simkuring nembé aya nu bobo sapanon carang sapakan, ku margi rumaos sim kuring mah kana basa Sunda téh henteu bodo-bodo acan.”

4. Bobor karahayuan = katarajang apes, cilaka, atawa meunang kasusah.
“Nu matak Cép, Emang téh bobor karahayuan, munding sadua-dua aya nu maling.”

5. Bobot pangayon timbang taraju = pangadilan, timbangan anu adil.
“Abdi téh rumaos lepat, ayeuna mah bade nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju baé.”

6. Bodo aléwoh = bodo tapi bari daék tatanya.
“Ari jadi jalma kudu bodo aléwoh, ulah bodo katotoloyoh.”

7. Bodo katotoloyoh = bodo bari tara daék tatanya atawa tara daék nurut kana naséhat batur.
“Manéh mah ongkoh teu nyaho tapi cicing baé, ari dibéjaan tara nurut, nu kitu téh bodo katotoloyoh.”

8. Boga pikir rangkepan = henteu bolostrong, henteu ujug-ujug percaya kana omongan batur anu manis.
“Kangaranan ka jelema anyar pinanggih mah, angger wé urang téh kudu boga pikir rangkepan.”

9. Boga sawah saicak = boga sawah seutik.
Boga sawah saicak ogé nepi ka teu kagarapna, lantaran riweuh ku pagawéan di kantor.”

10. Bogoh nogéncang = bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
“Bogoheunana mah ka Néng Ita Si Ibro téh, ngan bogoh nogéncang, da ituna mah teu mikir-mikir.”
11. Bongkok méongeun = potongan badan (awéwé) nu lebah cangkéngna semu bengkung ka tukang.
“Néng Mia mah bongkok méongeun.”

12. Bosongot badé amprotan = dipikagimir, pasemon jagoan.
“Ari Pa Odo, awakna jangkung badag, pasemon bosongot bade amprotan, matak sawan budak.”

13. Borangan ku surak = éraan dina gempungan jelema réa.
“Jang Udin téh ari pangartina mah bisa dikahareupkeun, ngan hanjakal wé masih kénéh borangan ku surak.”

14. Bru di juru bro di panto = beunghar, barang teundeunna ogé teu puguh tempatna bakat ku loba.

“Pa Ondé mah beunghar atuh, pakayana ogé bru di juru bro di panto, ngalayah di tengah imah.” 

Related Posts