Babasan jeung Conto Kalimahna (Tina Huruf B) Part 2


15. Buburuh nyatu diupah béas = diajar bari meunang tunjangan. Meunang dua rupa kauntungan.
“Ngeunah kang Misro mah nya, sakolana disakolakeun ku pamaréntah ka Amérika, jaba meunang tunjangan deuih, buburuh nyatu diupah béas."

16. Budak bau jaringao = budak olol lého, budak can aya kanyaho.
“Rajen téh ditimburukeun ka budak bau jaringao.”

17. Budak olol lého = il. Budak bau jaringao.
“Atuda si Ibro mah budak olol lého, hampuraeun urang.”

18. Budak rodék hulu = il. Budak bau jaringao jeung budak olol lého.
“Manéhna mah ka urang té nganggap budak rodék hulu wé meureun. Katémbong dina sikepna ogé.”

19. Bujang jenggléngan = jajaka tulén sarta tegep.
“Eta mah Ceu Onéng, sakitu geus rarandaan dua kali, masih kénéh bisa meunangkeun bujang jenggléngan.”

20. Bujang tarangna = lalaki anu can kawin geus teu bujang deui.
“Tong percanten ka Kang Amin, Néng. Kang Amin mah bujang tarangna.”

21. Bulu taneuh = tukang tani, patani.
“Sanajan harga hasil tatanén naraék ogé, angger wé nasib bulu taneuh mah euweuh ronjatna.”

22. Buncir leuit loba duit = taya kakurang.
“Keur senang ayeuna mah Pa Sukro téh, keur meujeuhna buncir leuit loba duit.”

23. Buntu laku = teu bisa neruskeun usaha atawa pagawéan.
“Ari hujan ngecrek baé téh matak buntu laku.”

24. Buntut kasiran = kumed, korét.
“Abong jalma buntut kasiran, dipéntaan daun gedang keur ubar ogé henteu méré.”

25. Bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang = hirup taya kakurang, salilana ginding.
“Kudu bagja meunangkeun Jang émon téh, manéhna mah bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang.”

26. Buruk-buruk papan jati = sanajan ngéwa atawa ngambek ka dulur (baraya) anu landes, tapi ari manéhna meunang karerepet mah, teu weléh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana. Teu téga ngantep.
“Sanajan tiheula paséa rongkah ogé, ari nu jadi adi cilaka mah, piraku teu ngalayad, da buruk-buruk papan jati atuh.”

27. Burung palung dulur sorangan = il. Buruk-buruk papan jati.

28. Buta térong = jelema nu goréng patut, katurug-turug sagala beuki.

“Ah si Ibro mah buta térong, keur goréng sopak téh sagala bres deuih.”

Related Posts