Babasan Tina Huruf D jeung Conto Kalimahna


1.       Dagang pindang ka Cirebon = dagang barang ka tempat nyieun éta barang.
“Manéh mah dagang peuteum ka Cimenyan, sarua wé jeung dagang pindang ka Cirebon.”
2.       Dahar kawas meri = uprat-aprét jeung ngaréméh.
“Ulah dahar kawas meri atuh, réméh meni pabalatak kieu.”
3.       Daharna sakérésék daun = daharna mindeng pisan (budak).
“Rék teu gendut kumaha atuh si Farhan mah, da daharna sakérésék daun, jaba teu cukup ku sapiring dua piring deuih.”
4.       Dah kapas dah bawang = jual beli kontan.
“Lamun dah kapas dah bawang mah, ku urang gé dibikeun dua rébu hijina. Ari ngiridit mah can bisa.”
5.       Datang katingali tarang, undur katingali punduk = datang kanyahoan, balik (indit) ogé kanyahoan, ménta idin heula.
“Geus bébéja rék balik ka pribumi ? Bébéja heula atuh, apan urang téh kudu Datang katingali tarang, undur katingali punduk.”
6.       Dédéngé  tarak atawa dédéngé tara = ngadéngé béja atawa carita tapi teu puguh (teu kaharti) leunjeuranana, bisa jadi lantaran ngadéngéna sapotong-sapotong atawa bari migawé pagawéan séjén.
“Puguh urang mah dédéngé tarak kana éta carita téh. Nyaho-nyahina mah, ngan teu kabéh.”
7.       Deukeut-deukeut anak taleus = sakitu padeukeut teu nyaho yén baraya. Atawa teu nyaho yén aya kajadian penting di salasaurang diantara maranéhna.
“Sugan téh Pa Wawan lain baraya, puguh deukeut deukeut anak taleus, nyaho baraya sotéh ubasa Lebaran wé patepung di lembur.”
8.       Deukeut deuleu pondok léngkah = kurang pamandangan jeung teu pati bébas dina indit-inditan.
“Ma’lum atuh pangawak awéwé geus kolot, deukeut deuleu pondok léngkah. Jadi wajar wé lamun teu nyaho Griya-Griya acan ogé.”
9.       Deungeun haseum = teu baraya saeutik-eutik acan.
“Urang jeung Adé téh éstu deungeun haseum, tapi ayeuna mah meni geus asa jadi dulur pet ku hinis wé.”
10.   Diadukumbangkeun = dua jelema atawa sato, dicekel pundukna tuluy diadukeun lebah tarangna sataker tanaga.
“Si Diani jeung si Ogi diadukembangkeun ku si Asep nepi ka ngajehjer duanana.”
11. Dibabuk Lalay = dibabukan kawas lalay (musuh loba ngaronom urang), ngababukan ngénca ngatuhu.
“Loba balad monyét anu paéh dibabuk lalay ku Kumbakarna maké tangkal caringin  meunang ngadudut.”

12. Di bawah tangan = teu maké saksi ti pihak resmi.
“Lah, jual beuli tanah téh urang di bawah tangan baé, ambéh teu réncéd urusanna.”

13. Dibéjérbéaskeun = diécéskeun, ditétélakeun, dijéntrékeun nepi kana bubuk leutikna .
“Yeuh, lamun kudu dibéjérbéaskeun mah, Pak Sukro téh loba korupsina anu ngagunakeun kuitansi kosong.”

14. Dibeuweung diutahkeun = dipikir dibulak-balik.
“Sanggeus dibeuweung diutahkeun, kawasna baé kuring mah rék eureun digawé di pabrik kécap téh.”

15. Didagoan ku sééng nyéngsréng = didagoan ku pangabutuh rumah tangga atawa pangabutuh sapopoé.
“Atuda urang mah nyieun karya seni téh didagoan ku sééng nyéngsréng, lain teu hayang alus, ari hayang alus apan butuh waktu.”

16. Didago-dago tilewo = didagoan ari pék teu datang.
“Kamana ari si Asik nya, didago-dago tilewo, jangji datang jam tujuh, wayah kieu can nolol kénéh baé.”

17. Dihin pinasti anyar pinanggih = sagala rupa nu kaalaman ayeuna, saéstuna geus ditangtukeun tiheula ku Pangéran.
Dihin pinasti anyar pinanggih, manéhna ayeuna kudu ngalaman kasusah nu taya hinggana.”

18. Dihurunsuluhkeun = disamarutkeun jeung nu boga dosa.
“Enya ogé urang cicing di Saritem, teu bisa dihurunsuluhkeun jeung nu sok biasa nanawarkeun awéwé dagangan sisi jalan.”

19. Dijieun lalab rumbah = diomomorékeun, teu diajénan, dainggap teu sabaraha.
“Jaman ayeuna mah étika jeung moral bisnis téh geus dijieun lalab rumbah, teu saeutik apan anu ngahalalkeun sagala cara. Nu penting menang untung gedé.”

20. Dikeprak remis = purah diutuh-étah, ngajalankeun pagawéan anu lain lumayan.
“Abdi mah damel di bank ogé da bagian dikeprak remis, janten artosna gé leutik teu sapertos paraminijer.”

21. Dikepung wakul buaya mangap = dikepung ku musuh anu samakta ku pakarangna.
“Bénténg Betawi téh kungsi dikepung wakul buanya mangap ku pasukan Kiyai Tapa.”

22. Dikerid peuti = dibawa kabéh saeusi imah atawa saeusi  kampung.
“Basa aya wayang di kacamatan, Mang Endul mah kabéh saeusi imahna dikerid peuti, dibawa lalajo.”

23. Dikompétdaunkeun atawa disakompétdaunkeun = dihirunsuluhkeun.

24. Dinina-bobokeun = dipépéndé ku rupa-rupa jangji jeung omongan pangoloan supaya tetep nurut ka pamaréntah.
“Ayeuna mah rayat téh geus ngarti, geus moal bisa dinina-bobokeun deui, Manasina baréto , jaman cacing dua saduit.”

25. Dipaké cocok conggang = Dimomorékeun pisan.
“Saprak aya nu anyar, nu heubeul mah ngan ukur dipaké  cocok conggang.”

26. Dipisudi méré budi = dipihareup tapi kalah ngabaeudan.
“Ari Néng Nia bét kitu, aya nu nyaah kalah ka dibaeudan, bét dipisudi méré budi.”

27. Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang = dihukum beurat pisan, dihukum pati.
“Abdi rumaos lepat, mangga baé bilih badé disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang

28. Disuhun dina embun-embunan = ditarimakeun pisan.
“Kanyaah sareng katresna Akang ku abdi disuhun dina embun-embunan, mun hanjakal Kang, Abdi téh parantos aya nu kagungan.”

29. Disusul tepus = disusul atawa ditéangan nepi kabeunangna.
“Bangsat motor téh ari terus disusul tepus mah, beunang ogé. Horéng aya komplotanna.”

30. Ditangtang-téngténg dijieun bonténg sapasi = digulang gapér.
“Lamun urang diparengkeun ngajodo jeung Dési Ratnasari, moal dititah digawé-gawé acan ku urang mah, rék ditangtang-téngténg dijieun bonténg sapasi wé unggal poé.”

31. Dogdog pangréwong = milu nyarita minangka éstra (panambi)
“Hapunten, sim kuring badé ngiring sasanggeum, ieu mah sakadar dogdog pangréwong baé manawi.”

32. Dosa salaput hulu = loba pisan dosa.
“Si éta mah pantes rék padangungudag ogé, atuda boga dosa salaput hulu.”

33. Dug hulu pet nyawa = digawé beurat méh taya eureunna.
“Pikeun ngabayuan anak pamajikan téh neoi ka dug hulu pet nyawa.”

34. Dug tinetek = dug hulu pet nyawa.

35. Duit pait = Duit anu teu menang dipaké pikeun kapentingan pribadi.
“Aya duit mah ieu ogé, ngan duit pait, anu koprasi.”

36. Duit panas = duit pait.


Related Posts