Paribasa Tina Huruf G Jeung Conto Kalimahna




1.       Galagah kacaahan = ngalajur napsu kabaud ku batur.
“Si Kemod mah galagah kacaahan, nu tadina bageur téh jadi ngancrud, saprak sok babarengan jeung si Ujang wé.”
2.       Gedé cahak manan cohok = leuwih loba ngaluarkaeun duit batan panghasilan.
“Gajih saeutik parabaneun loba, nu matak pantes urang mah rék gede cahak manan cohok ogé.”
3.       Giri lungsi tanpahingan = jalma anu siga bodo atawa lemah ulah waka dicacampah sabab bisa jadi nyolong badé.
“Mémang katénjona mah siga nu taya kanyaho, tapi teu kudu dihina, sabab saha nu nyaho manéhna leuwih pintér ti urang, giri lungsi tanpahingan.”
4.       Goong nabeuh manéh = muji atawa ngagulkeun sorangan.
“Geus baku Pa Suhro mah ari geus ngagul-ngagul sorangan téh. Nu kitu ngaranna goong nabeuh manéh.”
5.       Gunung luhur beunang diukur, laut jero beunang dijungjungan, tapi haté jelema najan déét moal kakobét = nganyahokeun kahayang atawa eusi haté jelema anu dirahasiakeun kacida héséna.
“Enya ogé sobat dalit, tapi da urang mah teu nyaho eusi haté Andi nu sabenerna. Gunung luhur beunang diukur, laut jero beunang dijungjungan, tapi haté jelema najan déét moal kakobét.”  

Related Posts