Paribasa Tina Huruf J Jeung Conto Kalimahna


 

1.       Janget kinatelon = turunan hadé atawa goréng ti indung ti bapa.
“Lamun ayeuna Si Ujang kitu téh, da indung bapana ogé teu jauh ti kitu. Jadi, janget kinatelon.” 

2.       Jati kasilih ku junti = ménak kaéléhkeun ku somah atawa pribumi kaéléhkeun ku sémah (bangsa asing).
“Ayeuna mah ditengah-tengah kota téh geus lain abngsa urang lolobana, da bangsa urangna mah kalah ka sarisi geuning. Mémang kitu kabuktianna, jati kasilih ku junti.” 

3.       Jogjog neuruey buah loa = mikahayang perkara anu teu layak.
“Keur saayeunaeun mah upama artis urang aya nu hayang meunang Piala Oscar téh, sarua wé jeung jogjog neureuy buah loa. Teuing ka hareup mah.” 

4.       Jojodog unggah ka salu = urut badéga jadi patih goah.
“Bu Tini mah ibarat jojodog unggah ka salu, apan barétona téh pembantu di imah Pa Sobri.”


Related Posts