Babasan Tina Huruf J Jeung Conto Kalimahna




1.    Jadi cikal bugang = pangheulana kasambut di pangperangan.
“Jadi prajurit mah sarua jeung téken jadi cikal bugang, nu matak perlu gedé wawanén.”
2.       Jadi dogdog pangréwong = teu boga tugas penting, sakadar bunta-bantu.
“Pa Sobri mah Panitia Kongrés ogé da ukur jadi dogdog pangréwong, lain panitia inti.”
3.       Jadi kulit jadi daging = jadi kabiasaan nu hésé dipiceunna.
“Nitah eureun mabok ka Si Ujang mah kacida héséna, sabab pikkeun manéhna mah mabok téh geus jadi kulit jadi daging.”
4.       Jadi sabiwir hiji = jadi omong (carita) saréréa, atwa padamuji, padagalem lantaran kahadéanana.
“Sual Néng Rini jadi juara Karya Ilmiah Remaja, geus jadi sabiwir hiji, di mana-mana anui dicaritakeun téh ngan éta wé.”
5.       Jadi sendén kalémékan = jadi tungtung saur.
“Perkara korupsi Ketua DPR téh, kungsi jadi sendén kalémékan nagara Indonesia.”
6.       Jadi Senén kalémékan Ahad kacapangan = jadi sendén kalémékan.
7.       Jajar pasar = sedeng tegepna, teu pati geulis, tapi teu kasebut goréng patut.
“Nyi Mirna téh geulis henteu, disebut goréng patut henteu deuih, jajar pasar wé sakitu mah.”
8.       Jalma cepet bener = satia, jujur, tara linyok bohong.
“Mungguh henteu babari néangan jalma cepet bener saperti Pa Sobri mah.”
9.       Jalma masagi = jelem boga, rék kabisa turunan hadé.
“Pa Udin mah Jalma masagi atuh, matak meujeuhna mun rék jadi anggota Déwan ogé.”
10.   Jalma notorogan = jalma anu boga lampah teu pantes, pikacaeun.
“Abong jalma notorogan Si Ujang mah, saréngkak saparipolahna téh matak pikasebeleun batur ogé.”

Related Posts