Paribasa Tina Huruf L Jeung Conto Kalimahna




1.       Landung kandungan  laér aisan = gedé timbangan.
“Nyanghareupan barudak ayeuna mah kudu landung kandungan laér aisan.”
2.       Lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan = pipilueun nyarita atawa ilubiung kana sarupaning urusan, padahal lain cabakna atawa ahlina.
“Urang mah cicing wé, ulah pipiluen, da lain ahlina. Bisi disebut lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan.” 
3.       Legok tapak genténg kadék = loba luang jeung pangalamanna.
“Pa Utay mah atuh legok tapak genténg kadék kana urusan mesin téh. Atuda kana mesinna téh lain sakatiga manéhna mah.”
4.       Leuleus jeujeur liat tali = gedé tinimbangan, sabar darana, henteu getas harupateun.
“Ari jadi pamingpin kudu leuleus jeujeur liat tali, ulah getas harupateun.”
5.       Leuleus kéjo poéna = mimitina bengis, lila-lila jadi bageur.
“Gening atsan téh leleus kéjo poéna, baheula mah basa anyar datang apan  sakitu galakna.”
6.       Leunggeuh cau beuleum = méméh hiji pagawéan anggeus geus gap deui kana gawé séjén.
“Ari digawé téh ulah leunggeuh cau beuleum atuh. Anggeuskeun heula hiji, kakara ngahanca nu séjénna deui.”
7.       Lodong kosong ngelentrung = pamoyok ka jalma nu taya kanyaho, tapi loba omong tanpa eusi.
“Si Éta mah loba omong pisan, leuheung mun bener, da ieu mah salah. Keuna paribasa lodong kosong ngelentrung.”

Related Posts